Kaislaman

Gambaran Nafsu Manusa (Prakna dina Solat)

 

 
                                            Gambaran Nafsu Manusa (Prakna dina Solat)

Nafsu nu aya dina diri manusa kabagi tujuh tingkatan nafsu,nyaeta : Nafsu Al-Amarah, Al-Lawwamah, Mulhammah, Muthma’innah, Ar-Rodiyyah, Mardiyyah jeung Nafsu Kamilah. Eta tujuh nafsu teh hak mutlak pikeun manusa nu jadi Sir pikeun kahirupan manusa di alam dunya. Ngan salian ti nafsu nu tujuh eta aya deui hiji nafsu anu diciptakeun ku Alloh pikeun manusa, nyaeta pikeun ngaganggu nafsu nu tujuh tadi sangkan ingkar ka Alloh Ta’ala. Nya eta nafsu teh nu kasebutna nafsu Al-Hayawaniyah atawa mun dina carita mah nu disebut Iblis tea. Hayu urang pedar hiji-hiji sakalian jeung gambaran wujud hakikina.

1. Nafsu Al-Hayawaniyah.Nafsu nu aya dina diri manusa ieu digambarkeun ku wujud oray. Anu mangrupakeun hiji sifat kaangkuhan mun dijaman kiwari mah nya nu disebut ego tea. Nafsu Al-Hayawaniyah anu digambarkeun ku wujud oray tea, sacara naluriah dikodratkeun supaya teu weleh ingkar ka Al-Khaliq. Nya eta teh mangrupakeun pangejawantahannana sang Iblis anu ngabogaan peurah anu disebut peurah Al-Ummiyah jeung peurah Al-Wahm. Eta peurah teh bisa ngaleungitkeun kasadaran pikeun saha wae anu kakeunaannana, nyaeta bisa titeuleum dina khayalan jeung lamunan kanikmatan dunya. Sahingga bakal kasered ku bayangan-bayangan nirwujud (Al-Muntani) nu sanggup ngajadikeun jalma jadi sasar (Al-Idhlal) dina ngamaknaan sagala rupa hal. Tapi tong dianggap Iblis henteu ibadah ka Pangeran, sabab sagala rupa mahluk anu aya di jagat ieu henteu aya nu teu ibadah ka Gusti Nu Maha Suci, ngan pedah cara ibadahna anu beda jeung manusa. Ari carana Iblis ibadah ka Alloh nyaeta kujalan ngalaksanakeun titah Al-Mudhillu (Anu Maha Nyasarkeun).

2. Nafsu Al-Amarah. Nafsu ieu digambarkeun ku wujud anjing hideung semu beureum anu dikodratkeun nyembah Al-Kholik ku jalan nangtung (Qiyam). Nyaeta ngalambangkeun seuneu anu sacara kodrati sok hayang naek. Mun dina tingkatan ibadah mah nya karek nepi ka Islam, nyaeta tingkatan ibadah anu ka hiji. Sok resep ngagogog, ngegel jeung nyakar pikeun nembongkeun citra dirina. Sacara naluriah sok ngajak kana jahat. Sanajan gogogna siga anu lindeuk, tapi sok ngegel ka dunungannana atawa ka jalma sejen. Boga rasa reueus ku titel jabatan jeung ku katenaran ngaranna, mun ngalakukeun naon wae sok pamrih, hayang kapuji, micinta kana kanikmatan badani jeung rohani.

3. Nafsu Al-Lawamah. Nafsu ieu digambarkeun ku anjing bodas semu koneng kalayan belang hideung semu beureum. Sacara naluriah dikodratkeun nyembah Al-Khalik ku cara ruku. Nyaeta perlambang taneuh anu dikodratkeun ngampar datar. Lamun dina tingkatan ibadah mah aya dina tingkatan Iman, nyaeta tingkatan ibadah anu ka dua. Cirina masih resep ngaku-ngaku kahebatan atawa kahadean dirina kalayan ngagogoreng jalma sejen. Kanyahona masih sabatas ngadenge, kayakinannana karek semet biwir, mun keur nafakuran dirina sok nyarekan atawa ngagogoreng diri sorangan, tapi sok terus mere kabijaksanaan ku kabijaksanaan anu mangpirang-pirang dina dirina. Tapi mun seug keur nafakuran batur, manehna loba ngagogog ngagogoreng jalma lian, jeung manehna ngarasa reueus pisan kana amaliah anu sarupa kitu teh, malah manehna sok resep babagi kaleuwihan elmu atawa hartana.

4. Nafsu Mulhammah. Nafsu ieu digambarkeun ku mangrupa monyet coklat semu beureum, anu sacara naluriah dikodratkeun nyembah ka Al-Kholikna ku jalan I’tidal. Nyatana ngalambangkeun cai anu sacara kodrati turun kalayan lempeng. Nya gambaran nafsu ieu mun dina hambalan ibadah mah disebut na teh tingkat Al-Ihsan. Nyaeta kasadaran jiwa anu geus bisa ngarasakeun bedana hawa bener jeung salah. Mampu narima ilham hade jeung goreng anu datang kana hatena. Ngan kalolobaan nana kurang waspada, anu ahirna loba kasered kana kagorengan. Jiwa ieu dina ngalakonan perjalanan rohanina memang aya dina panalingaan Gusti Nu Maha Suci.

5. Nafsu Muthmainnah. Digambarkeun ku rupa wujud monyet bodas, anu sacara naluriah dikodratkeun nyembah Al-Kholik ku jalan Sujud Awwal. Nyaeta ngalambangkeun angin anu geus dikodratkeun nyimbutan sakuliah alam. Gambaran monyet bodas ieu mun dina hambalan ibadah mah nya anu disebut ‘Ilmal Yaqin atawa pangaweruh tingkat ka opat. Nyatana jiwa anu geus tenang ku sabab pangancikannana geus aya di antara Ruh jeung Nafs. Jiwa ieu dina ngajalankeun ibadah rohanina geus cicing bareng jeung Gusti Nu Maha Suci. Tapi, jiwa ieu masih keneh sok katarik ku sora-sora kaendahan ti taman surgawi anu disorotkeun ku Al-Jamal.

6. Nafsu Rodiyah. Nafsu ieu digambarkeun ku wujud maung bodas, anu dikodratkeun nyembah Al-Kholik ku cara diuk Jalsah Awal. Nyaeta ngalambangkeun Aether anu dina hambalan ibadah rohani mah aya dina tingkatan anu ka lima, nya nu disebut Aenul Yaqin. Jiwa ieu dina ngajalankeun ibadah rohani na aya di jero Nu Maha Suci, teuleum dina elmuna Alloh Ta’ala. Jiwa ieu geus aya dina kayakinan anu sampurna, nyaeta manunggaling Jiwa lan Jiwa.

7. Nafsu Mardiyah. Nafsu ieu diwujudkeun ku gambaran rajawali bodas, anu dikodratkeun nyembah ka Al-Kholikna ku jalan Sujud Tsani. Nyaeta ngalambangkeun cahaya anu nyorot tina panonpoe, bulan jeung bentang. Mun dina hambalan ibadah rohani mah aya dina tingkatan nu ka genep, nyaeta tingkatan anu disebut Haqqul Yaqin. Jiwana geus dipikaridho ku Gusti Nu Maha Suci pikeun nyaksian benerna Gusti kalawan Gusti, atawa anu disebut Arraftu Rabbi bi Rabbi. Jiwa ieu geus bebas ngawang-ngawang, muji Kaagungan jeung Kaluhuran Gusti Nu Maha Bener. Sapanjang ngalalana, jiwana tara elat muja Al-Khalik ku sora-sora nu bener ; “Haqq! Haqq! Haqq…!”.

8. Nafsu Kamilah. Digambarkeun ku wujud manuk angga bodas anu siga halimun ipis nu dikodratkeun nyembah ka Al-Khalik ku cara Diuk Jalsah Tsani, nyaeta ngalambangkeun Al-Haba atawa Atom. Mun dina hambalan ibadah mah geus aya dina tingkatan anu ka tujuh, anu disebut Al-Islam. Tingkatan ieu mangrupakeun tahap ahir perjalanan Jiwa nuju ka Jiwa, atawa tahap puncak perjalanan Aing nuju ka Aing. Nyaeta jiwa anu disucikeun atawa nafsu Al-Qaddisah, nyatana jiwa anu teuleum dina lautan Tunggaling Gusti, Al-‘Ainil Bahri Al-Wahdati.

Eta nafsu kabeh ngagambarkeun wujud pertingkahan sembahyang anu lima waktu. Mangkana dina tiap-tiap saraka’at sembahyang kawincik ku tujuh gerakan ; Qiyam, ’Itidal, Ruku, Sujud Awal, Jalsah Awal, Sujud Tsani jeung Jalsah Tsani. Nyaeta ngawakilan kodrat sembahyangna tujuh nafsu nu aya dina diri manusa. Smalah dina sujud, tujuh bagean badan manusa (Tarang, Dua Dampal leungeun, Dua Tuur jeung Dua Tungtung Dampal suku) kudu antel kana taneuh.Malah samemeh der sembahyang oge kudu wudhu heula, nyatana ngumbah sungut, irung, beungeut, leungeun, sirah, ceuli, jeung suku. Dina sembahyangna oge henteu sah mun teu maca surat Al-Fatihah anu tujuh ayat.

Pikeun jalma anu geus nganyahokeun rahasiah ieu moal nganggap sembahyang na ukur ritual wungkul. Tapi sembahyang bakal dijadikeun proses naek (Mi’raj) tina kasadaran ka hiji anu sarwa euyeub (Katsrah), ngaliwatan lima tahap kahadiran (Al-Hadharat) kalayan ditungtungan ku kasadaran ka tujuh, nyaeta Manunggaling Tauhid. Nya ieu pisan anu dimaksud ku Kangjeng Nabi Muhammad S.A.W. nu disebut ; “Sholat teh mi’raj pikeun jalma anu iman”. Nyaeta proses kataekan nana hambalan-hambalan elmu ; Islam-Iman-Ihsan-Ilmal Yaqin-‘Ainal Yaqin-Haqqul Yaqin-Islam.

Kumaha ngeunaan jalma anu ngaku geus ma’rifat bari terus ninggalkeun sembahyang………??? ”Mun aya jalma anu ngaku geus teu perlu Sembahyang kusabab ngaku geus ma’rifat, sedengkeun mun ditinggali ku bashirah nafsu-nafsu na masih keneh napuk dina ego kaangkuhannana, mangka saenyana eta jalma teh Takabur jeung Tukang Wadul, nyaeta jalma anu sasar jeung nyasarkeun (dholla-dholalan), mangka “Ba’ida” kudu dijauhan”.

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.