Kaislaman

SASAKA KAISLAMAN (KH. Hasan Mustofa) - Makomat Ihsan

 

SASAKA KAISLAMAN

(KH.Hasan Mustofa)

 Bab 4. Makomat Ihsan

 

Ihsan (Kiri, Perbawa Iblis)

Barang cat kana gelaran ihsan, reup poek ati, perbawa kaiblisan ti kenca. Ah!Geus lawas pisan nya milampah Islam, tetep ati kapercayaan kana sacaritaan kolot,bosen onam moal da kapalang; hanas taya karasana wayahna bae. Ngan keur naon kuaing ditambahan deui karepotan kasusahan. Gjusti nimbang,’riajan ka nu dosapisan, kapan sipatna ngahampura. Sumawonna ka lebah aing, jelema kumureb tibabaheula, tangtu dimokahakeun, da tacan ngamaha dosa, tacan ngamaha ngarempaklarangan. Kapan Allah Nu Uninga, tangtu uningaeun kana kaapesan aing, henteudaya henteu upaya, Gusti Allah nu kagungan.

 

Nildipandang hayang meunang kahadean, kapan aing oge tara dina kagorengan, taradina pamangmangan. Moal gedag kalinduan sabot dina senangna mah, sabot dinayakinna mah. Wondene katarajang anu jadi matak tinggal parentah, aya waswaspamangmangan sakali-kalieun, eta mah Gusti Allah nu nimbang inya. Wondenekatarajang kadatangan nu matak tinggal parentah atawa ngarempak larangan, nyaeta mah Gusti Allah nu kagungan.

 

Disorangkeun bae wenang, dihalangan baewenang. Kapan aing henteu daya teu upaya, naha aing bisa nyanyahoanan, makeapik, ririh, rintih, kawasa ngajaga sorangan? Najan apik oge ari kudukatarajang; najan balangah ari kudu salamet mah, naha saha anu nyaho? Aritobat, enya pisan kudu, tapi lamun aing asal ngamaha dosa. Ari pasrah, enyapisan kudu, tapi lamun aing teu boga adat bangsa basariyah aya ngeunah ayahenteu. Ari ngandel ka Allah, enya pisan kudu, tapi lamun aing geus beaktarekah. Ari suka ka papasten, enya pisan kudu, tapi lamun aing geus tayageusan panasaran. Ari bersih ati enya kudu, tapi lamun aing geus poho kanabubuhan lahir, era ku mata manusa, sieun ku panyacad manusla. Ari sono ka nuasih, enya kudu, lamun aing tacan yakin yen sagala kangeunahan jeung teungeunah, pasihan ti Gusti Allah. Tapi moal enya Gusti Allah henteu dibalessakitu keneh. Ngan aing moal nudingkeun kahadean jol ti nu lian, dina sakur anumulus henteu jeung lantaran ti manusa mah. Kasieun aing, ayana bebendon kusabab lantaran ti ngurangan ibadah ti katukang-tukang, ngahaja-haja nguranganpercaya ti ka tukang-tukang, ngahaja sieun dibenduan di dunya, kahayangaingkana pangasihna Gusti Allah di dunya heulaanan, aherat mah sumawonna.

 

Lebah dieu samar maju, anggur mundur, sabab sarat jejeg panceg, tapi masihpilihan. Aya roy sono, tatapi masih boga pikiran: Keur naon? Lamun keukeuh bogakarep hayang wawuh ku perbawa kapangeranan ti katuhu, iblis ngahulag: Wah!Tiwas! Silaing geus wawuh mah beuki beurat. Loba pisan pamalina. Nya arikeukeuh mah jor teuing! Moat weleh, engke rasakeun bae loba jalan pibengkaheun.Dene aing henteu digugu di dieu, sugan di ditu mah dengdeng, moal tega-tegateuing. Tinimbang ti diben• duan geus wawuh mah, ltuheung meueus ayeuna,moal-moal kasebut jalma bengkahan. Kapan kudu apik lirik rintih jeung pamilih,ulah lancang sumantana. Hanjakal mah tara ti heula.

 

Ihsan (Kanan, Perbawa Kapangeranan)

Barang cat kana gelaran ihsan, bray terang ku perbawa kapangeranan ti katuhu,ah pageuhan bae aing geus cueut ka hareup, tinggal oge milampah Islam ku badan,kapercayaan ku ati, kapiran, bae. Anggur ayeuna mah karasa, batan beuki beuratanggur beuki hampang, batan beuki loba halanganana, anggur beuki luas bae. Culkolot cul bapa, tambah terang tambah yakin, pubuktieunana beja piuntungeunanalampah. Turug-turug sahadena jadi jalma luncat mulang, angguran tambah yakin.Kapan kaharti ari nyembah kumawula kudu ka nu ngayugakeun awak. Henteu umum ayanu nyieuri teu aya buktina. Pang jadi teh henteu umum henteu jeung kawasa, anageus jadi teh henteu umum teu jeung diriksa. Aaah! Isin temen; lampah meureunditingalikeun, obah meureun diobahkeun. Lain pikeun aing geusan lalawora, najanaing henteu nyaho oge, da Itu mah uningaeun, uteuk tongo walang taga tangtukauninga. Atuh mutuh lamun aing goreng tata, goreng sangka. Kilangbara aingtambah, atuh sakalieun anu geus tetep mah, palias lamun dikurangan kaajrihan,palias lamun dibalangahan, anggur tumarima usik malik kereteging ati tangtukauninga. Lah! Lain pikeun aing balangah kumawula ka nu waspada, ngan mihapeanu tujuh perkara bae, muga ulah dipindingan ku mokahaan. Bareto mah sieunsoteh lahir ku batur, batin ku Allah. Sieun dibales disangsara di dunya,kilangbara sieun ku sangsara aherat, tapi henteu aya karasana: bageur matakdisenangkeun, henteu bageur matak disangsara. Aaah! Ayeuna mah kajeun, aing reksieun ku bebendonna, najan henteu-jeung nyiksana; hayang kana pangasihna, najanhenteu jeung ngaganjar. Ngan supaya ulah aya bae di aing pijalaneun bebendonna,ngunghak ka Nu Kawasa, badilang ka nu ngawaskeun. Sageuy henteu katingali,sageuy henteu karungu, sageuy henteu kabendon, najan teu aya bedana oge nungawula jeung nu henteu ngawula. Nya eta nu matak isin, sababna tara katarabebendonna. Taya lianna nu jadi halangan campelak kajaba ti inget ka nudiyakinkeun tadi tea.

 

Eeeeeh! Dosa temen, ari aing poho. Dosa temen ari aing keur pegat ngawula. Dosatemen ari aing keur era ku nu sejen, cut kana paningalina Gusti Allah. Ayeunasagala anu datang ka aing nu undur ti aing, datang ti Dinya, balik ka Dinyadeui. Rek apik bae ati, moal mokahaan .tinggal parentah ngarempak larangan.Mana-mana nu pikitueun (ngarempak) rek disingkahan. Pasrah bae! Panguruskeunsupaya suka kana sakur nu geus kajadian, saruakeun nu ngeunah jeung nu teungeunah, beresih pisan. Moat aya lampah pahili nya bakti, yen lantaran nusejen, moal pahili nya nuding, nu ngadatangkeun nu ngundurkeun, ditudingkeun kanu lian. Ari kana lampah goreng, dosa tina lampah Islam, dosa tina lampah ati,moal pisan dilampahkeun satungtung aya ingetan mah. Nu poho mah sugan moaldihukuman, tapi kudu jeung pantesna. Moat bosen sakieu oge resep. Aing tacanpantes ka nu agung, nu ngayugakeun awak, da buktina resep tampa taya pisanpamulangna: ti baheula nampa welas, Pampa rahmat jeung ni’mat, geus meujeuhnanampa asih males asih, sanajan reujeung pambrihna, da tamaha suka bungah kudubae jeung lantaran.

 

Lebah dieu rek mancat kana gelaran sahadah disebut jelema minassyuhada.Mimitina tina sereset hate aya roy sono mikarep neangan inya, hayang tepi kawawuhna, bisi pahili jeung anu lain sok barang kirim.

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.