Kaislaman

MA'RIFAT DASAR BASA SUNDA (MAKOM ZUHUD)

 MA'RIFAT DASAR BASA SUNDA

MAKOM ZUHUD



Bismillahirrohmaanirrohiim

Saderek sadaya dina hanca anu tipayun parantos dibahas maqom anu ka tilu nyaeta maqom syukur, tah ayeuna urang teraskeun deui kana maqom anu salajengna nyaeta maqom anu ka opat dina ieu catetan ya’ni maqom zuhud.

Maqom yakin anu kaopatna nyaeta zuhud. Hartosna henteu kapangaruhan hate ku naon bae anu matak ngaganggu kana hate sareng pikiran tina eling ka akherat sareng ka Alloh Ta’ala.

Lamun istilah ahli hakekat mah, ngaran zuhud teh nyaeta teu resep sareng ngabalieur kana haliyah dunya. Ari ceuk urang sunda mah zuhud teh sok oge dingaranan tapa. Maksudna tapa tina hawek sareng kokomoan kana dunya nepi ka silih gosok, silih sodok, silih desek, nepi ka pikiran sareng hate teh pinuh ku kainget sareng ku kacinta kana dunya, kana kapangkatan, kana pangaruh, sareng anu sanesna anu matak poek kana hate, anu matak unclang-anclong dina sholat, dina wiridan, dugikeun ka poho bae ari ka Alloh-na mah. Contona keur sholat inget kana duit anu leungit, kana pagawean anu can anggeus sareng sajabina.

Tah hate anu kieu, hate anu henteu salamet ngaranna. Hate anu pinuh ku  kokotor pinuh ku rereged dunya, kagendam ku kahirupan anu teu langgeng, anu antukna loba balangah ka Alloh SWT.

Dawuhan Alloh Ta’ala dina surat Fathir ayat 5 : Anu Hartosna : “Yeuh sakabeh manusa saenyana jangji Alloh eta haq . maka poma aranjeun kagendam ( katipu ) ku kahirupan dunya, jeung mangkade aranjeun kagendam kana inget ka Alloh ku rupa-rupa gendaman. ( tipuan )”

Jadi naon bae anu matak poho ka Alloh, eta disebutna gendaman, bujukan, gogoda, sareng tipuan. Malah dunya teh sok loba oge anu nyebutkeun ririwa.ari sababna di dunya teh sok loba kasieun. Nyaeta: sieun ripuh, sieun susah, sieun fakir, sieun cemar, sieun kalindih ku batur, sieun…. Padahal dina Al-Qur’an, gusti Alloh parantos masihan tanda ka para kakasihna,Hartosna : “Heh, eling-eling saenyana para kakasih Alloh mah tara sieunan sareng tara nalangsaan.”

Lamun urang alim katarajang ku 2 panyakit ieu, nyaeta sieun sareng nalangsaan, nyaeta kedah zuhud, kudu ulah cinta ka salian ti Alloh. Sabab cinta ka salian ti Alloh sareng lain cinta karna Alloh, sok ditungtungan ku nalangsa sareng ku……….. Aduuuuh!!

Contona :   Cinta kana badan, lamun gering sok nyebut : “Aduuuh…!!”

Cinta kana pakean, lamun ruksak sok nyebut : “Aduuuh…!!”

Cinta kana kadudukan, lamun digeser sok nyebut : “Aduuuuh….!!”

Cinta ka murid, lamun bubar, sok nyebut : “Aduuuh…..!!”

Cinta ka santri, lamun parindah, sok nyebut : “Aduuuh…..!!”

Cinta kana amalan, lamun poho teu ngamal. sok nyebut : “Aduuuuuh….!!

Sareng anu sanesna deui anu matak kaduhung jadi pikiran

Tah kitu balukarna lamun urang teu daek zuhud.

Hirup jadi loba kaduhung, loba kamelang jeung kasieun sareng sajabina ti eta.

Sareng zuhud ieu teh salah sahiji syarat dipikacinta ku Gusti Alloh, saperti dina salah sahiji

Hadist Hasan anu diriwayatkeun ku Ibnu Majah r.a. :

Hiji pameget ngadeuheus ka K.N Muhammad saw. bade unjuk tumaros.

Kieu pokna :   “Ya Rosullullah, tuduhkeun ka abdi kana amal anu matak dipikacinta ku Alloh sareng ku papada jalma.”

Walerna Rosullullah : “Kudu zuhud anjeun di ieu dunya, pasti anjeun dipikacinta ku Alloh Ta’ala, jeung kudu zuhud anjeun dina pangaboga jalma, pasti anjeun dipikacinta ku maranehan-nana”

Jadi Rahasiahna lamun hayang dipikacinta ku Alloh Ta’ala sareng ku papada jalma, teu aya deui anging kudu zuhud……!!

Zuhud ieu teh jadi ka asup kana elmu kamasyarakatan.

Lenyepkeun …!! Heh salik…!

Dina Al-Qur’an sareng dina Hadist, seu-eur pisan katerangan anu marentah kana zuhud. Ku ayana kitu geura prak laksanakeun, taekan ieu maqom zuhud teh ti mimiti diajar, bisa, sing nepi ka jadi ahli sareng adat. Dugikeun ka bersih hate anjeun tina cinta ka salian ti Alloh, sabab moal pol cinta ka Alloh lamun dina hate anjeun aya kacinta ka salian ti anjeunNa.

Kakara lamun anjeun geus bisa kitu anjeun jadi hamba Alloh anu sajati, tur amal ibadah anjeun bakal seu-eur hasilna. Dawuhan Ibnu Mas’ud r.a.:

“ Dua rakaat solatna jalma anu zuhud, anu ngarti, eta leuwih alus tibatan ibadahna tukang aribadah anu paeh poso dina ibadahna, tepi ka iraha oge “

Saur Imam Ibnu Athoillah dina HIKAM-na:

“Henteu saeutik nilai-na amal anu timbul tina hate anu zuhud, sareng henteu loba nilai-na amal anu timbul tina hate anu resep kana dunya, sabab nilai-na amal mah henteu tiasa  diukur ku lahir, tapi ku bathin, margi Alloh SWT mah teu ningali lahir”.

Lenyepkeun :

Dina naekan maqom zuhud ieu, anjeun heh salik, kudu diajar riyadoh, nyaeta ngalatih nafsu ku jalan ngalaksanakeun rukun suluk.

Ari rukun suluk ieu sadayana aya 4 :

1.Ngurangan barang dahar

2.Ngurangan sare

3.Ngurangan bergaul

4.Ngurangan ngomong, serta nyeueurkeun tafakur.

 Sakumaha carios ahli ma’rifat:

“maqom kawalian ku wali abdal di bagi 4 rukun : (1) Jempe, (2) Uzlah, (3) Lapar, (4) Melek, sareng ngamahasucikeun ka Zat Anu Maha Luhur”

Sing inget anjeun heh salik, kana paribahasa ‘ saha nu keyeng tangtu pareng’

Saur Al-Arif billah Syekh Nafis bin Idris dina kitab Durun Nafis, nyaeta kitab anu ditulad ku ieu buku , kieu: “ Jalma anu suluk, omat ulah mirasa kana carita-an jalma bodo ( anu poek hatena ) anu ngomong kieu “ wah, jaman ayeuna mah moal aya atuh anu hasil kana maqom kawalian, kusabab jaman oge geus akhir”.

Maka saur Syekh Nafis:’ Carita-an kitu teh mardud, anu maksudna ditolak. Henteu bener, lantaran timbul tina hasudna sareng inadna ( nentang )”.

Salajengna saur eta Syekh, “Tapi lamun eta jalma ngomong kituna teh bari nekadkeun dina hatena ”; maka eta jalma teh murtad!. Sabab netepkeun lemah ka Gusti Alloh. Sabab ari Alloh Ta’ala mah Kawasa masihan sareng ngani’matan kawalian dina jaman ayeuna oge, margi Alloh Ta’ala mah wenang ngadamel mumkin ! Kawalian oge kalebet barang mumkin!”

Lenyepkeun para salik:  

Geura prak laksanakeun ieu rukun suluk anu opat, ti mimiti diajar, bisa, nepi ka ahli. Omat ulah sentak-badakeun dina ngamalkeun-nana; tapi latihan saeutik-saeutik kalawan tekun sareng angkeuhan anu kuat. Insya Alloh…kataekan…!

Saur Al-Arif Syekh Ali Al-khowas r.a, nyaeta guru Sulukna Qutub Syahroni r.a:

“Saha jalma anu istiqomah dina maqom tobatna, sarta zuhud dunyana, maka bakal kumpul ka eta jalma sadayana maqom yakin anu sanesna sareng bakal alus tingkah hatena”

MA’RIFAT ZUHUD

 “ Sing saha anu kenal kadirina, tangtu kenal ka Pangeran-nana” kitu cariosan nana Syekh Abi Yazid Al-Bistami.

Moal pol kenal ka Alloh lamun dina hate aya karesep ka salian anjeunNa( henteu zuhud ). Ari salian Alloh, hakekatna “adamun mahdun, hartosna henteu aya bolokotan nana, ka asup diri urang. Kitu soteh dina rasa jalmi anu tos pol zuhudna.

Tah, dimana urang geus ngarasa yen diri urang sareng sakabeh makhluk eta henteu aya dina hakekatna, naon perluna sareng gunana, make mikacinta kanu henteu aya; kusabab lamun urang awas kana sajeroeun ieu alam, anu di sebut mukasyafah ka alam mughoyyabat, hartina ningali ka alam gaib, alam arwah sareng nafsu, alam caang narawang, tanwande pasti katingali sareng karasa palsuna kahirupan ieu dunya teh.

Kakara didinya urang yakin kana ayana sareng deukeutna akherat teh sakumaha dawuhan Sayidina Abu Bakar r.a.: “Lamun anjeun geus yakin ka akherat, pasti katingali akherat teh, eta leuwih deukeut manan tali sandal anjeun.”

Sabab caang diriI eta leuwih deukeut manan poekna. Caang mah asal, poek mah cabang….!

Caang mah wujud hakiki, poek mah wujud majazi. Ari caang eta roh urang, ari poek mah eta jasad urang….! Jasad di sebutna hurup, Roh di sebutna ma’na….! Jasad di alam Mulki……, Roh di alam malakut…! Jasad mah di alam Hikmat…, Roh mah di alam Qudrot.!

Bingung nya? Sami abdi oge anu nulisna bingung ngaos ilmu ieu mah. Nu matak ngan sa eutik jalma anu dugi ka lulusna kana ngamalkeun elmu ma’rifat mah. Tapi teu kitu upami Gusti Alloh marengkeun saha nu tiasa nyegah? Urang mah sakadar ngalaksanakeun ikhtiar, da anu haq marengkeun mah Gusti Allah.

Moal tembong nur-na ieu rohani…., lamun urang henteu zuhud! Sareng moal kenal ka Alloh…., lamun can ningali kana nur-na Rohani…..!

Sabab hiji-hijina jalan pikeun kenal ka Alloh Ta’ala, iwal ti kudu … kenal heula kana rohani,nyaeta diri urang anu haqiqi, jalaran ari rohani mah eta sadayana oge kenal ( ma’rifat ) ka gusti Alloh, sakumaha dawuhan nana di qur an, anu hartosna kieu

 “Naha kami ieu teh lain pangeran aranjeun…?”

 “Jawab sadayana ruh: “Sumuhun…, gusti teh pangeran jisim abdi”

Tegeskeun ku anjeun heh salik,

Jawaban ruh ieu lain baheula bae…, tapi ayeuna oge angger kitu.

Jadi roh anjeun mah ayeuna oge, saban detik oge, kenal…. ( ma’rifat ) ka Gusti Alloh, jalaran hakekat na mah….. roh ieu aya dina alam Asma Allah.

Lenyepkeun…..!

Dawuhan K.N. Muhammad saw:

“Saenyana nur, dimana geus asup kana hate, pasti eta hate teh jadi lega, sareng jembar”( Riwayat Al-Baihaqi sareng Al-Hakim ).

Ari cirina jalmi anu tos kitu….., zuhud di dunyana….. ! Dina Hikam Ibnu Athoillah:

Anu hartosna kieu: ”Nur nganyatakeun terbuka kana alam ma’na sareng alam ghoib, bashiroh   ( panon hate ) nganyatakeun pasti”

Jadi iman na oge anu geus ka-asupan nur mah kana hatena, pasti yakin 100%…!

Ari ieu nur teh disebutna: NUR IMAN, NUR YAKIN, NUR HIDAYAH, NUR MA’RIFAT, NUR LADUNNI, oge disebut BARIQOH ( gebrayna hate ). Gebrayna hate ieu teh sok di sebut TAJALLI.

Jelas  bae tos kitu mah, ma’na hakekatna ayat anu sok dibahas, dikupas ku ahli ma’rifat, nyaeta:

Hartosna: “Ucapkeun ku anjeun: “ALLOH”, tuluy tinggalkeun ku anjeun maranehan-nana dina heureuyna”.

Hakekatna mah didieu teh ucap hate, lain ucap lisan. Ucap hate anu tanpa huruf  tanpa sora,

nyaeta anu ceuk lisanna mah “Qul Alloh” Lamun ceuk hatena mah nyaeta kitu…!

Tah ieu kahebatan TAJALLI……!

Sakabeh anu ma’rifat, ngalaman kitu heula …., sabab eta tajalli teh pembuka lawang ma’rifat sareng yakin, sareng laduni.

Tah dugi kadieu wae heula bahasan maqom yakin anu ka opat nyaeta maqom zuhud. Kade lepat hartos zuhud didieu nyaeta rasa hate sanes rasa jasad. Teu saeutik jalma miskin tapi teu zuhud tapi aya oge jalmi beunghar ku dunya tapi hatena zuhud !

Engke upami masih keneh dipasihan hirup urang teraskeun kana mqom anu kalima, nyaeta maqom tawekal tea.

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.