Rumpaka

Rumpaka Panggeuing Batin - Cicih Cangkurileung

 Rumpaka Panggeuing Batin - Cicih Cangkurileung

 

Hayu urang eling
Eling ka purwa daksina
Urang teh asal ti mana, aduh....
Sareatna hayu urang amal
Nu kadar didama-dama
Kuma cara migawena
Disarengan ka gustina
Nu ngayakeun urang sadaya

Ari mungguh hakekatna
Hungkul ku pangersa Allah
Singkahan jalan nu goreng
Pigawe jalan nu hade
Geten ka Ibu ka Rama
Taat kana piwurukna

Hayu urang ti ayeuna
Sangkan mulya lahir batin
Meungpeung keur hirup di dunya
Hayu geura saradia
Yakin urang sawadina
Amal keur sampeureun tea, Gusti...

Sujud nyembah ka Gustina
Di ahir moal sulaya
Yakin ieu bakal nyata
sangkan dihampura dosa
Gening aya paribasa
Indung teh tunggul rahayu
Bapa teh tangkal darajat
Dina katerangannana
Alloh moal ngahampura
Mun teu dihampura ku Ibu Rama

Sabab urang bakal maot
Kade ulah kajongjonan
Hilap kana kawajiban
Dipundut ku nu rahayu
Dicandak ku nu kawasa
Ku renghap nu panganggeusan
Ngabengkang kantun balusa

Dicabut ku malaikat
Tangtu urang teh sakarat
Nyawa ngangseug mapay urat
Beak tempot kudu pindah
nyampeurkeun ka alam barjah

Geus waktu niggalkeun lembur
Ngajugjug ka alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur

Geura dulur, menang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur
Rek naon anu dibawa
Duit loba sawah lega
Meunang ngumpul-ngumpul tea

Belaan napsu pasea
Meunang tisuksruk tidungdung
Nu sok adigung
Kana solat mabok linglung
Waktu jakatna ge embung

Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Di tengah imah ngagoler
Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan

Diriung ditarungguan
Lagadar datang pasaran, Deudeuh...
Nyaah ge bati lumengis
Geumpeur pacampur jeung waas
Setan mah seuri mupuas
Harta anu ngundung-ngundung
Pakean duit satangtung
Ngan make boeh asiwung
Ditambah kai jeung padung

Lawang geus ditutup
Hanjakal waktu keur hirup
Talangke bet henteu sanggup
Paingan Rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tongboy henteu nyubadanan

Duh gening enggeus nyangkorah
Rup ku ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas nunggelis susah
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan
Mana sobat mana dulur
Gening baralik ka lembur
Henteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur

Oge harta banda kuring
Nu dipuhit beurang peuting
Cik mana nu rek ngadeking
Gening geus kieu mah
Kuring hanjakal
Teu getol sadia amal
Ngan amal nu jadi bekel

Hanjakal nurut ka embung
Ngan harta nu digugulung
Ayeuna gening kaduhung
Naon ge panyinglar sedih
Ati ceurik nyata peurih
Nahan ku ci mata getih
Harta mah gening teu nolih

Teu kurang nu nganasehat
Enggeus ulah rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang anu ngelingan
Pek tanggung jawab sorangan
Geura jawab pariksaan

Peremutan parantosan
mangga urang lalnyepan
Sugan sinareng jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan
Ku nguping ieu pepeling
Mugi sing jadi panggeuing

------------------------------

Kanggo ngadangukeun kawihna tiasa klik di dieu

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.