Rumpaka

Rumpaka Indung jeung Anak - Mang Koko

Rumpaka Indung jeung Anak - Mang Koko


Euleuh Ema, itu bulan di langit ku mingkin asri
Gawulang lir pameunteu widadari
 
Ieuh Ujang, ulah samar
Apan eta putri di gedengeun prameswari
Jaga mun hidep jadi Narpati
 


Tapi bet aya kalana gening Ema
Anu geulis anu endah, ngahyang duka kamana
Kari diri nganti anti
Rasa rosa, deudeupeun reujeung leungiteun
 
Poma Ujang kudu ngarti masing surti
Nu ngahyang, anu tilem, tilemna henteu sabongbrong
Tapi ngancik na dasaring ati
Mangke oge hamo burung deui tembong
 
Naha Ema, mangsa datang jeung indit silih baganti
Teu lana lir cahaya katumbiri
 
Ieuh Ujang ulah samar
Sakur nu kumelit tara aya nu abadi
Iwal ti Gusti Yang Widi.

 ------------------------------

Kanggo ngadangukeun tiasa klik di dieu

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.