Rumpaka

Rumpaka Jatining Hirup - Cicih Cangkurileung

Rumpaka Jatining Hirup-Cicih Cangkurileung

Ari emut kana hirup urang nu di kandung badan
Sanajan puluhan taun
Tetep ngantep ngasuh wujud
Beurang peuting tetep ngaping
Dina suka dina bungah
Teu wani ninggalkeun urang

Tunduk taat ka Pangeran
Ngemban tugas ti Ilahi
Ngahiji jeung raga urang, Gusti...
Kudu nganteur kudu nyaah
Nyarengan kanu ngumbara
Bari urang teu ngarasa
Wujud diasuh ku hirup

Dimandian diusapan
Dipuji digulang gaper
Geugeut deudeuh sono nyaah
Di mana raga cilaka
Panghilang nu ngabela
Geten rapih gotong royong
Sabidangna sabidangna
Dina raga anu hirup

Rarangken medar sampurna
Aya soca jeung awasna
Aya cepil jeung dangunan
Aya irung jeung angseuna
Aya baham jeung ucapna
Jeung anu sanes-sanesna
-------------------------
 

Kanggo ngadangukeun kawihna tiasa klik di dieu

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.