Seratan

Pepeling


::: PEPELING:::

Niti wanci nu mustari, nincak dina waktu anu munggaran, sakabeh kudu ampih kana kandangna. Embe ampih kana kuwungna, anjing eureun ngabaung, jangkrik pegat sorana, gaang pareum katincak, sakabeh hayam jago eureun kongkorongok, kyai bungkem sarebu basa, akal beak kahayangna, damar beak caangna, lauk eureun ngojayna, sawang balik kana suwungna. Pasrah teu aya deui nu diharep, asal teu nyaho naon-naon, balik ka euweuh naon-naon, teu ngaboga-boga, teu ngaku-ngaku, lain kaditu lain kadieu, teu aya daya teu aya upaya, teu bisa itu jeung ieu.

Mugi jeler teu kasaatan, mun bagong bakal sesegrok, mun anjing bakal ngaguik. Mugi ulah siga kitu kieu da asalna ge teu kieu teu kitu. Gubragna urusan Gusti, balikna ge masrahkeun ka Gusti, pasrah sapasrah-pasrahna. Mugi ulah kacolongan, kagoda ku betahna hirup di dunya, ku loba baranghakan pikeun nunda umur nunda paeh, manjangkeun hirup jeung lalakon, digelar jeung ngumbara di alam dunya. Mugi moal pahili, meuntas jalan nu pamali, da geus dicicil ti kamari, nyorangan paeh samemeh paeh, nyaho balik samemeh balik.

Ya Robbi, ingsun ngawiatkeun diri, mugi sampurna dunya sampurna akherat, da tos dicumponan ku elmu kasampurnaan, sampurna ning sampurna, kamal mukamil, Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal.

Bagja manusa nu fakir dirina, sabab bakal manggih kana rasana hirup. Bagja manusa nu manggih sedih, sabab bakal manggih kana nunggalna hirup. Bagja manusa nu manggih kana lemesna hirup, sabab bakal manggih kana rasa sajatina hirup. 

Bagja manusa nu lapar jeung haus kana bener, sabab bakal manggih kana kapuasan rasa hirup. Bagja manusa nu murah hate, sabab bakal manggih kana sagala kamurahan hirup. Bagja manusa nu manggih kana kasucian dirina, sabab bakal manggih rasa hirup nu sajati.

Bagja manusa nu dianiaya jeung dicela ku sasamana, sabab bakal hudang cahaya hirup anu caang padang narawangan, poe panjang nagara tunjung sampurna. Manusa nu pasti panggih jeung cahaya di saluhureun cahaya, cahaya anu sampurna ning sampurna. Dat, Zat, les  beak kabeh teu nyesa, leungit, moksa. Asal ti euweuh balik ka euweuh.

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.