Seratan

ELMU PANGASALAN/PANGBALIKAN



::: ELMU PANGASALAN/PANGBALIKAN :::

Ari nu disebat ELMU PANGASALAN mah nyaeta Ulikan NGAASAL USULKEUN DIRI, asal ti Gusti yakti kedah yasa mulih deui ka Gusti: "PULIH KA JATI PULANG KA ASAL / INNAA LILLAAHI WA INNA ILAIHI ROOJI'UUN", - WA ILALLOOHU TURJA'UL UMUR"

Nyata Elmu Kasampurnaan, Nyampurnakeun HIRUP-HURIP ku sumerah pasrah ka Gusti (Laa Haola), rumasa diri taya tangan pangawasa, taya kula wungkul Gusti nu wajib dina Ayana (Laa Maojuda Illallaah), nyata Elmu Katunggalan: ngalebur diri Manunggal pulang ka asal, ieu anu disebat YA AWWALU = YAA AKHIIRU, lir wilangan ti 0 (nol) 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8, 9, 10 pulang deui ka 0 (nol).

Buktosna kantos kapungkur sepuh ngademokeun ELMU PANGASALAN ageman KARUHUN SUMEDANG nyepeng beusi ngurucuk janten cai, sami sareng kalimah "ASLUL HADIIDI MIN SUHBAL MAA-I, WA SUHBAL MAA-I MIN NUR MUHAMMAD". pami ku elmu kasaktian mah paling nyepeng beusi saukur tiasa hurung atanapi miley. Eta bentenna Elmu Pangasalan sareng Elmu Kasaktian

Dina Qur-an disebat ngeunaan naon anu disebat PANGASALAN, nyata jalan/ambahan NGAASAL USULKEUN DIRI.

  1. Aya Elmu RA-Hyang (Elmu Pangasalan Seuneu) Cepengan Idajil "Kholaqohu min sijjin" (Seuneu nu kacida panasna), anu diwariskeun ka sayyid Anwar bin Syits bin Adam.
  2. Aya Elmu DAng-Hyang (Elmu Pangasalan Taneuh) Ageman Adam "kholaqohu min thurob min tin min sholsolah" (dicipta tina Taneuh).
  3. Aya Elmu SAng-Hyang (Elmu Pangasalan Cai) Cepengan Nabi Adam nu di wariskeun ka Syits Alahis Salam diwariskeun deui ka Sayyid Anwas diwariskeun deui ka Nabi Khidir As (Waluya Putra Malaka/Balya Ibnu Mulkan) "khuliqo min maa-in daafiq (dicipta tina cai anu mancer)"

Nalika Gusti ngajarkeun "Asmaa-a Kullaha" ka Adam A.s, nya laju bae Adam As weruh ka sakur nu Maojud di Buana, nyaho di aran Taneuh Sahingga cacap Sahadat Bumi nu jadi Sahadat Pangasalan Raga, Nyaho di Herang Herang araning Cai tur cacap mafhum kana Syahadat Cai, Syahadat Pangasalan Rasa.

Barang Syits A.s Apuputra Sayyid Anwar ti Dewi Dulajah (Putri Idajil) tur Sayyid Anwas ti bangsa Manusa, Ulikan Pangasalan kabagi Dua : Sayyid Anwar nu nurunkeun Para Dewa/Para Batara kawaris Elmu Ra-Hyang ti Idajil, ari Sayyid Anwas kawaris Elmu DangHyang sareng Elmu SangHyang ti Syits A.s, Sayyid Anwas nurunkeun Para Nabi/Para Wali, numawi dina Syare'at Agama (Ajaran) para Nabi Para Rosul tur para Pakakas Susuci teh upama teu ku CAI nya ku TANEUH (Tayamum)

Saparantos ngabahas heula jalan-jalanna, kantun urang ngabahas ulikannana janten moal pacorok sareng pagentos antawis Nga-Hyang ku Elmu Pangasalan SEUNEU ~ TANEUH sareng CAI.

Hawa-un nu ditiupkeun dina satutasna SABULAN NGAHERANG DUA BULAN LUMENGGANG TILU BULAN GUMULUNG, kakara ka-Opat ditiup numawi kajadian GUMETER : Ditalqin "Alastu bi Robbikum..." (Dzikirna "ALLAAH" : Itsbat Ma'rifat), ari barang ka-9 Medal kakara ngarenghap, narik napas (Dzikirna "HU" : 'Aroful Ma'arif).

  1. Dina Ulikan Elmu RA-Hyang (Seuneu), nga-Hyangna ku cara Nga-Manu Raja Sunya/Ngawereng Geni (ngaduruk raga ku elmu), carana meditasi mayun ka salah sawios Mandala Papat bari mepet panca driya, mapatkeun Syahadat Geni sareng Pangasalannana, anu teu kadugi ku ulikan elmu tapana/tirakatna nya dimana maot disyare'atan ku cara diduruk layonna nganggo Kayu Gahru/Cendana ngalangkungan hiji upacara anu dipingpin ku Pandita Agung nu uninga prakprakanna, sapertos anu diagem ku kaom Hindu dugi ka ayeuna.
  2. Dina Ulikan Elmu DAng-Hyang (Taneuh), nga-Hyangna disebat "TILEM", carana meditasi mayun ka salah sawios Mandala Papat bari mepet panca driya, mapat Syahadat Bumi sareng Pangasalannana, ari anu teu kadugi ku sacara Elmu sareng tirakatna sareng kana'atna nya dimana maot layonna disyare'atan ku cara dikubur sapertos kaom Islam, Kristen, sareng Yahudi.
  3. Dina Ulikan Elmu SAng-Hyang (CAI), carana meditasi mayun ka Salah sawios Mandala Papat bari Mapatkeun Syahadat Cai sareng Pangasalannana, anu teu tiasa kadugi ku tempuhan Elmu sareng tirakat Kana'atna nya disyare'atan dimana maot layonna dilarung ka Laut, mung cara ieu tos teu ilahar deui.

Upama urang tenget ngaos tur neuleumannana sadayana natrat aya Ayatna dina al Qur'an.

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.