Kaislaman

SASAKA KAISLAMAN (KH. Hasan Mustofa) - Makomat Soleh

 


Bab 3. Makomat Soleh

 

Soleh (Kenca, Perbawa Iblis)


Barang cat kana gelaran soleh, reup poek ku perbawaning Iblis ti kenca. Ah! Heubeul pisan aing nya leukeun ngalampahkeun Islam nurutkeun papatah kolot, percaya kana caritaanana; tapi aing ayeuna geus sawawa umur, geus baleg. Sumawonna kolot geus teu araya, najan aya keneh oge moal bisaeun nyarekan. Meujeuhna aing boga pikiran sorangan. Rek ngalampahkeun bae, sakadar henteu ngahalangan kana kahirupan aing, kana kapangkatan aing, kana pagawean aing. Tuluykeun bae percaya, sugan aya tulungna sakalieun aing kacekek ku kasusahan, sugan boga-boga basa nyuhunkeun kasalametan ka Gusti Allah Nu Maha Suci, da ceuk kolot oge Gusti Allah purah nulungan, purah maraban; ayeuna ka saha deui lamun aing lain ka dinya. Tapi bubuhan lahir, kudu bae saniskara jeung lantaran ti pada manusa. Sanajan nurut ka Gusti Allah, ari batur henteu panujueun mah balukarna matak susah ka sorangan, nya kudu satengah jeung satengah bae. Tapi montong nyiar deui karepotan, nambahan kasusahan, sakadar nu geus kabiasaan ka tukang-tukang bae. Bura-bere montong dilanggengkeun teuing, bisi matak rugi sanak baraya, sanajan aing suka sorangan, da bubuhan di dunya: tinimbang mikir kauntungan jaga, mending mikir kauntungan dunya, tinimbang sieun ku cilaka aherat, mending sieun ku cilaka dunya.


Najan pandita geus tungkul oge, lamun henteu boga duit matak ngirihit pribadi. Tapi aing kudu mikir, kana lampah awak anu salah atawa bener, nya pikiran bae! Mana-mana nu kacacad ku batur hirup, tanda milampah salah. Mana-mana nu kapuji ku batur hirup, tanda milampah bener. Pikeun dosa jeung hampura, tobat bae ari geus kabuktian dosa mah. Ati aing tacan aya lampah hina nu dicacad ku sasama, angguran bebetah. Moal mikir nu lain-lain, rumasa ku nu henteu kapilampah; bareto oge dilampahkeun soteh, pedah aya nu parapatah bae, nya eta nu pimujieun, nya eta nu pinyacadeun.



Lebah dieu samar maju. Lamun belang-betong deui, percaya angin-angin, anggur ragrag deui kana gelaran iman.




Soleh (Katuhu, Perbawa Kapangenanan)


Barang cat kana gelaran soleh, bray beuki tambah padang ati, ku perbawa kapangeranan ti sabeulah katuhu, sereset hate: Eh! Bapa, Ema, kolot-kolot geus henteu araya, tinggal deungeun-deungeun bae. Aing ngalakonan Islam moal kieu-kieu, tinggal bae moal kieu-kieu. Percaya kana caritaan kolot-kolot moal kieu-kieu; henteu percaya moal kieu-kieu. Tapi ah, kapalang angguran tuluykeun bae, da henteu jadi karugian. Sugan henteu kaharti bareto ayeuna kahartina. Bareto milampah soteh ngarah kapuji ku kolot; ayeuna mah sugan bae katarima ku Gusti Allah tea. Lamun aing tuluy tumuluy milampah hade, sugan bae diganjar ku Gusti Allah tea, da ceuk kolot ge eta nu pingaganjareun.

 

Lamun aing tuluy tumuluy percaya, sugan beuki tambah-tambah panasaran, hayang nyaho kumaha behna. Lamun aing eureun tinggal ka papatah kolot, kena-kena geus areuweuh, sieun temen disiksa ku Gusti Allah tea, da ceuk kolot: Lamun tinggal kana Islam atawa lamun ngalanggar laranganana atawa lamun eureun kapercayaan, disiksa ku Gusti Allah, henteu di dunya tangtu di aherat. Jadi kasieun aing, bebendonNa. Ari kahayang aing, pangasihNa. Kawantu Nu Agung, boga sipat murba keur bebendon, boga sipat wisesa keur pangasih. Tinimbang aing ngurangan lampah Islam ti adat katukang-tukang, angguran pituturan tambah ku sagala kapantesan lampah Islam, ditambah ku pasunatan, ku kautamaan; anggur tambah rasa nu bareto jadi misti nu ayeuna jadi kahadean, tapi hayang meunang rasa pibekeleun ngalanggengkeun kana lampah kana pantrang. Sihoreng eta ubarna, kana ulah lalawora teh, kudu meredih mapancenan maneh, supaya ari pegat boga rasa hutang aya pitobateunana. Ari eta paribasa: Bagja cilaka geus ditangtukeun ti azali, kitu tea mah moal salah. Tapi lamun aing bagj, atuh mulus: eukeur mah dipilampah, turug-turug boga gurat awak bagja: eukeur mah aing percaya, turug-turug boga gurat awak bagja. Tinimbang aing henteu ayeuna-ayeuna acan, bet upama cul ti ayeuna, turug-turug cilaka, atuh beuki mutuh lapur. Bet henteu ayeuna, jaga. Lamun teu bagja, meureun hanjakal. Lamun ti baheula nya percaya nya milampah, meureun mulus; moal beda lampah dunya jeung aherat, percaya di dunya jeung buktina.


Lebah dieu, rek mancat kana gelaran Ihsan, disebut jelema muhsinin.

 

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.