MA'RIFAT DASAR BASA SUNDA
MAKOM SYUKUR
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Para wargi sadaya wilujeng tepang deui sareng sim kuring anu samai-sami nuju diajar muthola’ah kana ieu postingan dina rarangka naekan maqom-maqom dasar dina ngudag kama’rifatan tea, mudah-mudahan kenging taufiq sareng hidayah kanggo tiasa kana ngamalkeun nana. Mangga urang kawitan…
Dina kasempatan ieu urang teraskeun kana maqom anu katilu mungguh ieu catetan nyaeta maqom syukur.
Maqom yakin anu katiluna, nyaeta SYUKUR, anu hartosna urang ieu kedah seueur syukuran ka Gusti Alloh. Ari ma’nana syukuran, nyaeta nganuhunkeun ku ucapan, ku anggota badan, sareng ku hate, kana sagala ni’mat anu tos katarima ku urang ti Alloh Ta’ala, sareng nganuhunkeun ka papada makhluk anu jadi perantarana ku jalan ngagunakeun sareng ngalampahkeun eta ni’mat di jalan anu dipikaridho ku anu masihan-nana, nyaeta Alloh Ta’ala; sing dugikeun karasa gumeterna hate sareng badan dina bawaning ku ajrih ka Alloh Ta’ala anu Maha Asih.
Ari ni’mat ti Alloh ieu, ringkesna mah aya tilu nyaeta:
Kahiji :Ni’mat IJAD, nyaeta ni’mat diayakeun
Kadua :Ni’mat IMDAD, nyaeta mayengna dina aya.
Katilu : Ni’mat IMHAL, nyaeta ni’mat henteu langsung disiksa lamun migawe dosa.
Dawuhan Gusti Alloh dina surat Luqman ayat 20 kieu pihartoseun nana:
”Jeung geus nyampurnakeun Alloh ka aranjeun kana ni’mat-ni’matna dhohir-bathin.”
Ni’mat Dhohir : Ni’mat jasmani jeung kaperluan-nana. Ieu mah umum ka sakabeh makhluk, kanu kafir sareng kanu iman.
Ni’mat Bathin: Ni’mat rohani, sapertos : Iman, elmu, ma’rifat. Ieu khusus ka mu’minin-mu’minat.
Jadi jalmi iman mah kedah enya-enya syukuran-nana, margi sampurna ni’matna ti Alloh Ta’ala; nya dhohirna, nya bathinna. Malih ni’mat bathin ieu, ni’mat anu pang ageungna.
Lenyepkeun heh salik!
Dawuhan K.N. Muhammad saw :
“Ari iman aya 2 bagian : sabagian sobar, sareng sabagian deui syukur”
Jadi gumulungna iman hiji jalma, eta tergantung kana kasobarannana sareng syukurannana; margi di dunya ieu mah alam papasangan saperti : aya bungah, aya susah.
Bungah kudu syukuran, susah kudu sobar.
Tiasa oge sobar sareng syukur teh eta disebat galeuhna iman ( teuteuasna iman ).
Sareng dimana jalma mu’min tos tiasa ngalaksanakeun ieu maqom sobar sareng syukur, maka pasti hirupna teh bakal tengtrem ayem, tumaninah tur bakal timbul pirang-pirang akhlak anu sarae. Sareng deui syukuran ieu teh, hiji sabab anu mujarab kana matak tambah-tambahna ni’mat sareng pageuhna eta ni’mat; kitu dawuhan Gusti Alloh dina Al-Qur’an. :
Hartosna :” demi lamun maraneh syukuran, pasti kami bakal nambahan ka maraneh”
Sareng dawuhan Alloh dina surat Al-Anfal ayat 53:
Hartosna:” Kituna teh kusabab saenyana Alloh moal ngarobahkeun kana ni’mat anu parantos dianugrahkeun ka KAOM, satungtung maranehan-nana henteu ngarobah kana naon anu aya di dirina ( henteu syukuran )”
Hartina moal dicabut eta ni’mat satungtung maranehan-nana syukuran. Alhasil syukuran teh minangkana mah tatalina ni’mat, ieu teh hiji ka ahengan ti Alloh Ta’ala. Ari maparina ni’mat mah sok tanpa sabab, ari nyabutna mah sok make sabab.
Eling-eling heh salik, dimana anjeun keur naekan ieu maqom syukur, anjeun ulah eureun-eureun syukuran sareng bungah hate kana naon bae anu katarima ku anjeun. Ima anu karasana ngeunah atawa anu teu ngeunah, keur leumpang, keur diuk, keur ngagoler, keur sholat, keur wiridan, keur di cai, keur di jalan, keur di imah, keur nyaba, keur dihina , keur dicarekan, boh keur naon bae.
Nyakitu deui lamun urang keur naekan maqom tobat, urang kudu tobat terus. Saperti kitu keneh upama keur naekan maqom sobar, kudu sobar terus. Dina manggih sagala kajadian oge, sing nepi ka jadi MAQOM.
Dina diajar teh sing nepi ka tetep ajeg jadi tempat cicingna hate.
Prak geura taekan hiji-hiji, sing nepi ka tuntas.
Dawuhan Gusti Alloh dina surat Saba ayat 13 :
Hartosna:”Jeung saeutik diantara hamba Kami anu purah syukuran”
Saterasna urang teh kedah syukuran, sareng nganuhunkeun anu teu aya hinggana bari dibarengan ku rasa ajrih sareng mahabbah ka K.N Muhammad saw.
Sareng ulah hilap anjeun heh salik, tina syukuran ayana anjeun reujeung ayana eta ni’mat; saperti syukuran ( nganuhunkeun ) ka Ibu-Rama, Saperti dawuhan Gusti Alloh dina surat Luqman ayat 14:
Hartosna: ”Kudu syukuran anjeun ka Kami, jeung ka Indung Bapa anjeun. Tetep ka Kami tempat balik sakabeh makhluk”
Sareng deui syukuran ka guru-guru, anu luar biasa jasana, anu jadi sabab utama kana hasilna kadaharan bathin, nyaeta elmu anu mangfa’at lahir – bathin, dunya – akherat. Sareng ulah hilap nganuhunkeun ka papada jalma sareng makhluk liana anu jadi lantaran datangna ni’mat ka anjeun.
Bari kituna teh kade anjeun hilap ka Alloh anu aya dina sajeroeun eta makhluk; sabab nya Alloh hakekatna anu masihan eta ni’mat teh, sabab Alloh anu gaduh gelar AL-MU’THI ( anu maparin ).
Prak geura jalankeun! Muga anjeun meunang taofek.
“Ya Alloh, kadugakeun abdi kana eling ka Gusti sareng syukuran ka Gusti sareng ngalus ngalus ibadah ka Gusti”.
MA’RIFAT SYUKUR
Bakti anu ngabukti, eta teh babakuna mah sadayana oge urusan Alloh, kagungan Alloh, mulang deui ka Alloh.
Ieu teh kalebet RAHASIAHNA Kholifah anu sagalana atas nama Alloh, lain atas nama dirina, anu usik bari henteu lesot sareng KONCINA HIRUP, koncina sagala urusan, nyaeta fahamna tina “BISMILLAHIRROHMAANIRROHIM”.
Anu hartosna: “ Atas nama Alloh anu marinan NI’MAT AGEUNG sareng NI’MAT ALIT di dunya sareng di akherat, jasmani sareng rohani”
Sifat anu ngarti kana kakholifahan-nana anu faham kana rahasiahna, eta moal wae ngaku kana hak dunungan-nana, kana GELAR dunungan-nana; kasebat jalma anu henteu hideng ( teu cageur pikir ) , dimana ngaku pangaboga dunungan-nana, dimana ngaku kana gelar dunungan-nana.
“Saha atuh ari Kholifah teh…….?
“Nyaeta ……..ieu URANG, salaku MANUSA”
“Saha atuh ari DUNUNGAN teh…….?
“Nyaeta ……..ALLOH TA’ALA, pangeran anu kagungan sadayana alam”
Diantara ASMA ( GELAR ) ALLOH teh, nyaeta : SYAKUUR, sakumaha dawuhna dina surat Asysyuro ayat 23
Hartosna : “Saestuna Alloh eta lautan hampura tur lautan syukur”
PEPELING !!
Kulantaran ieu mah nuju ngabahas ELMU MA’RIFAT, jadi ma’nana oge ma’na anu ngajurus kana MA’RIFAT.
Hartosna: “Pikeun masing-masing maqom atawa elmu, eta aya basa masing-masing. Sareng pikeun masing-masing ulama oge masing-masing titingalian-nana”
Kitu dijelaskeun ku QUTUB Abdul Wahab Asysya’roni dina kitab Mizan Kubro. Sapertos Dawuhan Alloh Ta’ala dina surat Al-Baqoroh ayat 60.
Hartosna:”Geus pada nyaho masing-masing jalma kana ideologina ( inuman-nana )”
Ku ayana kitu tos henteu aneh deui upami hiji basa boga rupa-rupa ma’na sareng tujuan-nana nurutkeun istilahna masing-masing.
Salajengna urang balik deui kana poko bahasan, nyaeta diantara jenengan Alloh teh, nyaeta SYAKUUR ( lautan syukur ). Ari katembongna ieu ASMA teh di makhluk. Sabab ari makhluk. teh MUHDAR ( anu didohirkeun tina ASMA ALLOH ), jeung tempat dhohirna ASMA ALLOH.
Tekadkeun ku anjeun heh salik, saenyana ( hakekatna ) anu syukur teh Alloh, anu katingalina di anjeun, anu katembongna di anjeun. Nyakitu deui lamun anjeun ningali jalma loba syukuran, sautak-saeutik syukuran, sautak-saeutik…….nuhun; tekadkeun bae ku anjeun Alloh nuju tembong ( TAJALLI ) kalawan ASMA SYAKUUR. Pasti anjeun bakal MA’RIFAT ( wawuh ) ka Alloh Anu Maha Suci.
Anu matak keur kieu mah, hartosna lamun keur…. Loba syukuran; amalannana oge atawa babacaannana oge… ngalobakeun maca “YA SYAKUUR”… atawa “ASYSYAKUUR”…. Atawa “SYAKUURUN”….; tujuan-nana sangkan ieu syukuran teh MUKHLIS anu Alloh, ka Alloh, Ku Alloh, di Alloh.
0 komentar:
Posting Komentar