Sastra

Mustika Puraga Jati (Sanggian Ki Laras Maya)

MUSTIKA PURAGA JATI SUNDA 
“Ngama’naan falsafah sarta ajén-inajén kamanusaan Sunda dina nata diri, nata raga keur hahirupan”
Sanggian: Ki Laras Maya


“BUBUKA ANJINING RASA” 
Ki Laras Maya Poerba Sasaka

Niat kuring aji-ning rasa.  Rasa goib titipan nu Maha Tunggal.  Tunggal sarasa , tunggal sa-pangawasa, Jalan  nu rahayu mapag alam kabagjaan,  Eunteungeun  diri pribadi. Basa mah gambaran rasa. Budi  mah  gambaran ati. Ngancik’na raga salira. Dina batin anu sidik, anutara daek nga-bohong, jeung di bohongan. Jaga diri ati-ati.  Pinasti hirup taliti Dumugi mapagna pati. Hirup pasti,  ku cageur na, ku bageur’na ku bener’na. Sing taat ka pamarentah. Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama. Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet hirup kumbuhna. Amjalu papadang ati. Awaking bujang ka sakti. Bisa maca bisa ngaji. Ngajina na tungtung ati. Macana na tungtung rasa. Nu hurung dina jajantung. Nu herangna, di kalilipa. Hurung tanding dammar hurung. Siang tanding dammar herang. Anu hurungna, kurungan. ANu herang, eusi rasa. Kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal. Remet ménténg dina angen. Anu ngilo dina tikoro. Nu ngintip dina lalangit. Buka ini buka rohani.

Buka sintung, bukakeun gedongan ati. Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa. Supaya kapanggih bukti.

Nu puguh diri sajati. Kudu nyata ceuk tuduhna. Bray cahaya, bray cahaya. Cahaya anu kawasa.

Ka anu nyepeng  dinten tujuh dawuh lima. Pager duawelas. Kasaderek anu opat, kalimia pancer salira. Ka saderek anu medal, Ka sederek nu teu medal. Ti putra anu medal. Ti putra anu teu medal. Guru lahir, guru batin. ti guru sidik. Ti guru permana. Ti nu ngukur tangtung, Ti nu kagungan rahayu. Ti nu kagungan darajat. Ti anu ngandung.  Ti anu ngayuga. Ti luhur anu mayungan. Ka handap anu nganparan. Ti gigir anu ngajaring. Ti tukang anu ngagiring. Ti hareup anu nampian.

Aki sakti, Nini sakti. Nu nunggu di birit leuit.  Ibu ratu, Rama Agung. Nu ngaping geusan nyalindung. Nu calik Di pasir layung. Nu geulis putri rengganis. Nu ngancik di pasir panggung. Nu kasep kang Kamajaya

Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na

Nu nyalungkran pasir asih, nu ngabinih. Pa-gelaran alam kandung asih indung. Pa- ngawit-an  pangrungruman tuturunan.

Bukti Tunggul,  Nya muga, tunggul  anu ngarahayu, ti sunan ambu. Nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan rama. Turun pulung ka Galuh agung. Galuh geusan di nyalindung. Mangsa di bentaran gelap Gunung gelap reureuh mijah, Ku aji ning halimunan,  Di sieuman ku handeuleum. Di caangan ku hanjuang. Meleberna pulo sari, ning mangari. Pangrungruman  menak ti gunung haruman. Gunung geulis, ci ibun anu ngareumis,  Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan.

Ka para Hyang nu suci. Nu mancer cahyaning Gusti.

Nu Murba, anu wisesa. Nu Agung anu maha’na.

Anu kersa anu karsa. Nu ngersakeun nu ngarsakeun.

Tabé Pun ahung nya ahung. Amit sun hampura ingsun.

Nya paralun, seja ulun Kapara luluhung agung. Nu ka agungan ku pangagung.

Nu ngadeg di uwung-uwung. Nu ngadeg di awang- awang. Anu sirna di mandala panta panta.

1. Di Mandala  Méga Manggul
2. Di Mandala  Méga Malang.
3. Di Mandala  Méga Beureum.
4. Di Mandala  Méga Si karembangan.
5. Di Mandala  Méga Si kareumbingan.
6. Di Mandala  Méga Si antrawela.
7. Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8. Di Mandala  Bumi suci kerepek séah.
9. Di Mandala  Bumi Beureum.
10. Di Mandala  Bumi Hideung.
11. Di Mandala  Bumi Héjo.
12. Di Mandala  Bumi Konéng.
13. Di Mandala  Bumi Hawuk.
14. Di Mandala  Bumi Putih.
15. Di Mandala  Bumi Céngcéréngan.
16. Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17. Di Mandala  Bumi Sang Hyang Ribut.
18. Di Mandala  Bumi Suci  Alam padang.

>>>>> NYAMBUNG<<<<<<<<

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.