MA'RIFAT DASAR BASA SUNDA
(MAKOM TOBAT)
Bismillahirrohmaanirrohiim
Saderek
sadayana hanca anu tipayun nembe dugi kana nyarioskeun maqom-maqom suluk anu
diringgkes janten salapan maqom tea, tah ayeuna urang wincik hiji-hiji. Mangga
urang kawitan :
1.Maqom
Tobat
Hartosna:” Jeung kudu tobat aranjeun
ka Alloh Ta’ala, sakabehna heh sakabeh mu’min sangkan aranjeun bagja.” (surat
An-Nuur ayat 31)
Ari ieu tobat teh di sebatna:
Baabulloh.
Hartosna lawang kana wusul ( tepi )
ka Alloh. Sareng disebat oge: assasul maqoomat, hartosna pondasina pikeun
sakabeh maqom; bener tobatna, bener sakabeh maqomna, kokoh tobatna ajeg sakabeh
maqomna, teu bener tobatna moal bener sakabeh maqomna. Kitu saurna dina eta
catetan, punten sanes simkuring anu ngeblog anu nyarios kitu teh. Simkuring mah
ngan ngapostingkeun wungkul.
Carana: Dina naekan maqom tobat, jalma
suluk ieu kedah leres-leres dina tobatna ti mimiti, tobat dina islam, iman,
nepi ka ihsan.
Contona: Tobat dina islam
sapertos nebihan sareng miceunan sagala anu diharamkeun, anu diatur dina elmu
fiqih, kalayan kapok moal balik deui kana eta dosa, saperti : Zinah, minum
arak, maen judi sareng sajabina anu diharamkeun ku syara islam. Tapi kade upami
aya sangkut paut sareng hak adami, maka eta mah kedah serah diri, atanapi
digentosan, sakirang-kirangna kedah nyuhunkeun dihalalkeun, saperti: Dosa
maehan, maling, ngarampog, ghasab, nipu, malsu, ngurangan takeran / timbangan
dina jual beuli sareng sajabina, sareng kedah ngodoan kana naon anu kantos dikantunkeun
dina sagala kawajiban saperti: ngodoan sholat, zakat, shaum, munggah
haji, sareng sajabina. Tah ieu tobat dina kaislaman.
Salajengna : Tobat dina ka imanan,
nyaeta tobat dina hate anu diatur dina elmu tasauf, kieu saurna :
Emutkeun heh salik, urang kedah
“muhasabah” ( kudu asak perhitungan ) sareng kedah “mujahadah” ( kedah merangan
hawa nafsu ). Anu leres-leres nyaeta kujalan ngaberantas tanjakan-tanjakan
nafsu ( akobatin nafsi ) sapertos : thoma, ujub, riya, takabur, thulul amal (
panjang lamunan sareng cita-cita ), sum’ah ( hayang kasohor ), goreng sangka (
khususna ka Alloh umumna ka papada makhluk ), mudahanah : ( miminyakan nyaeta
teu wani nyarekan anu salah sabab kahalangan kana pamerena atawa pangaruhna ),
hirsu : ( ka sengsrem ku dunya ), syarhu : ( kokomoan kana dunya ), hasad : (
panas baranan ku milik batur, nepi ka ngado’akeun sina leungit milik batur teh
), hikdu ( dengki unek-unek ), bohong, sumpah palsu, saksi palsu, ngupat,
ngadu-ngadu, ghodlob ( gede nafsu ), bukhlu ( koret ), ajalah ( gurung gusuh ).
Sareng sajabina sifat-sifat awon. Seu-eur ulama tasauf anu ngagolongkeun
sifat-sifat awon nepi ka 700 rupi sifat madzmumah nyaeta sifat-sifat anu
tercela tea.
Tah ieu teh ka asup kana anu sok
disebut takholi, ( ngosongkeun sifat-sifat anu tercela ).
Ari lawan sifat takholi nyaeta ( anu hartina nyaeta ngeusian ku sifat-sifat anu
terpuji anu di sebat oge sifat mahmudah. contona sapertos : waro’i
( pantrang hayang di bere, sareng nebihan barang anu subhat, sok komo anu haram
), ikhlas, tawadlo, henteu panjang lamunan, henteu hayang kasohor, alus sangka,
kedah adil, qona’at ( ngalap cekap kanu aya ), basajan / sederhana, tiis
fikir, gede hampura, jujur, bener, akuran, berehan, daek lumajak tara pandang
bulu, nya-ahan, karunyaan, deudeuhan sareng seu-eur deui.
Diantara sifat-sifat anu awon, aya
anu pang nyumputna tapi pangruksakna: Nyaeta thoma, ( boga
sifat hayang di bere ) ieu sifat teh kacida bahayana, sabab matak mangaruhan
kana hate tina cumantel sareng tawekal ka Gusti Alloh Ta’ala, sareng matak poek
kana hate, sareng nya didieu lolongkrangna pikeun syetan ngagoda ka urang,
sabab tina ieu sifat matak nimbulkeun delang delong kana pangaboga batur, ieu
sifat teh kacida gorengna, khususna keur anu suluk sakumaha dawuhan guruna,
guru sim kuring, anu arif, anu teuleum dina laut ma’rifat : Syekh Toto
Syarif Muhammad Zakariya, anu didugikeun ku Guru sim kuring mama T.b,
Imam Zaelani sareng mama T.b, Maulana Yusuf ti pasantren
Gunung Santri Banten, dina salah sawios pangaosan nana, sareng dina masihan
wejangan ka sim kuring sareng ngati-ngatikeun nana ka sadaya muridna nyaeta
kedah ngaboga-an sareng mibanda 3 (tilu) sifat utami :
Kahiji,Pantrang hayang
dibere
Kadua,Pantrang nyuhunkeun
Katilu,Pantrang nganjuk / ngahutang
( Kacuali lamun dina ka aya-an anu darurat
pisan atanapi kapepet )
Pepeling ka para salik; lamun
urang nyalusur kana pirang-pirang sajarah, seu-eur jalma anu rag-rag darajatna
dijaman baheula atawa jaman ayeuna, anu ditimbulkeun tina balangah kana
ngontrol nafsu dirina tina sifat-sifat anu tilu tadi.
Teu kirang-kirang tukang dagang
ambruk dagangan-nana, pamimpin leungit wibawana, nu beunghar turun harkatna, nu
nyantri ruksak kasantrian-nana, Kiayi cemar elmuna, hambar caritaan nana sok
komo deui lamun puntu-pentana teh keur nambahan pangabogana sahingga nyuhunkeun
teh jadi kasab jeung adat, geus teu mirosea deui kana haramna jeung ancaman
nana.
Kanjeng Rasulullah saw parantos
masihan pepeling dina hadistna anu diriwayatkeun ku Imam Turmudzi anu
pihartoseun nana kieu:“Saenya-enyana puntu-penta teh henteu halal pikeun kanu
beunghar jeung pikeun anu jag-jag waringkas, nanging dina ka aya-an darurat
atawa dina ka aya-an kateumbleuhan anu teu meunang henteu”
Saterasna dina hadist anu sanesna:
“Jeung saha jalma anu puntu-penta pikeun nambahan pangabogana, maka jagana dina
poe kiamat bakal rodek sapinuh beungeutna, jeung bakal dibere kadaharan tina
batubara anu kacida panasna tina naraka jahanam, loba nya loba deui…...
saeutikna, saeutik deui….”
Hadist anu kadua riwayat Imam Abu
Daud r.a: “Saha anu puntu-penta bari boga kadaharan pikeun dina eta poe, maka
eta sarua jeung ngalobakeun siksa-an di naraka”
Lajeng sahabat tumaros ka Kanjeng
Rosulullah saw, “Numana nu kasebat sugih…? Anu henteu kenging barang penta
teh…?”
Walerna:” Nu alakadarna, aya
dahareun pikeun isuk, sareng sore”
Tegesna, saha jalma anu boga
dahareun pikeun isuk sareng sore, maka eta di haramkeun pikeun barang penta
kana sidekah sunat.
Tah kitu heh salik, ancaman pikeun
jalma-jalma anu sok puntu-penta, jeung deui timbulna eta sifat anu goreng,
nyaeta tina poekna hate, sahingga makhluk jadi sasaran hatena, jadi angkeuhan
pikirna, padahal dina Al-Qur’an oge henteu aya ayat anu nitah barang penta,
malih mah sawangsulna.
Salajengna heh salik, perangan,
jauhan ku anjeun sifat anu kadua nyaeta thoma, hayang dibere, hayang diondang,
ngadeukeutan lincar, ieu sifat teh kacida gorengna, sakumaha dawuhan Hasan
Basri dina ngawalerna patarosan Sayyidina Ali r.a, di masjid jame Basrah, waktu
Sayyidina Ali r.a, ngusir ti eta masjid ka tukang ngadarongeng, anu keur rame
ngadarongeng, anu kaleresan Hasan Basri aya di eta masjid, sabab Sayyidina Ali
mah henteu resepeun kana dongeng atanapi ngobrol anu teu pararuguh.
Saur Sayyidina Ali.r.a, ka Hasan
Basri:
“Heh pamuda, kami rek nanya ka
anjeun, lamun anjeun bisa ngajawab kana ieu pertanyaan, maka meunang anjeun
tetep di ieu masjid, sawangsulna lamun anjeun teu bisa ngajawab, maka anjeun
kaluar ti ieu masjid, saperti itu tukang ngadarongeng”
Kituna teh Sayyidina Ali.r.a,
parantos ningali kana ciri solehna sareng ciri meunang hidayahna Hasan Basri.
Maka Waler Hasan Basri:”Sok bade
naros naon atuh…?”
Dawuhan Sayyidina Ali.r.a, :”Naon
galeuhna Agama….?” ( teuteuasna agama )
Walerna Hasan Basri:” WARO’I” (wara)
Pertarosan anu kadua:” Naon anu
ngaruksak Agama.”
Walerna Hasan Basri:”THOMA”
Tidinya Sayyidina Ali.r.a,
Ngadawuh:”Pek anjeun tetep di ieu masjid, tah sapertos anjeun jalma anu pantes
da’wah mah.”
Jadi tegesna mah lamun ceuk basa
kiwari mah Sayyidina Ali.r.a, teh keur natar tukang da’wah sareng tukang
ngawuruk, nyaeta kudu mibanda 2 ( dua ) sifat :
Hiji: WARO’I, anu kaduana ngajauhan
THOMA. Waro’i teh aya dua rupa , Kahiji WARO’I Khos ( ahli ) jeung anu kadua
WARO’I Am.( awam )
WARO’I Khos : nyaeta sehat kayakinan ka Alloh
Ta’ala sareng sampurna cumantel ka Robul’alamin sareng ayana tengtrem ka Alloh
sareng tumaninah hate ka Kholiqna.
WARO’I AM : nyaeta ninggalkeun anu
syubhat ( anu henteu jelas haramna sareng henteu jelas halalna ).
Jadi WARO’I teh nyaeta:
Lahirna : Ngajaga kadaharan, pakean,
inuman, jeung sajabina tina barang syubhat, sok komo tina barang haram, sarta
ngapikan ibadahna sareng usahana.
Bhatina: Ngaleungitkeun sifat-sifat anu
dicela kayaning: THOMA, cinta dunya, cinta pangkat sareng pangaruh, geus kitu
tuluy di jejelan di paesan ku sifat-sifat anu terpuji kayaning, niat anu tulus,
qona’ah bari pinuh cumantel sareng pasrah ka Alloh Ta’ala, sehat
kayakinan-nana, sampurna manahna tengtrem ayem tumaninah hatena ka Alloh
Ta’ala, tah dimana si hamba geus bisa ngalaksanakeun model kitu kalawan taofeq
Alloh Ta’ala, sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala dina akhir surat: Al-Fajr :
Hartosna:” Heh, nafsu mutmainah,
mulang anjeun ka pangeran anu ngurus anjeun bari ridho tur dipikaridho, pek
asup anjeun di maqom hamba-hamba kami, jeung asup anjeun ka sorga kami.”
Kupasan ieu ayat anu sacara luas,
insya Alloh engke di payun dina kupasan maqom ridho.
Tah kitu saurna upami urang
ngajalankeun tobat dina kaimanan,nyaeta kudu fana ( kudu leungit ) tina
sifat-sifat madzmumah ( anu dicawad ); saperti : Tobat tina sifat hayang dibere
ku makhluk nyaeta thoma, riya, ujub, takabur, goreng sangka, cinta dunya,
sareng sajabina.
Sakumaha dawuhan Imam Sayidina Ali
Alkhowas r.a “Saha jalma anu panjer ( tetep ) dina maqom tobatna, sarta
zuhud kana haliyah dunyana, maka bakal kumpul ka eta jalma sadayana maqom yakin
anu sanesna, sareng bakal alus tingkah hatena…”
Lenyepkeun :
Taliti ku anjeun heh salik, tingkah
hate anjeun salamina dina jero naekan maqom tobat ieu, sing nepika karasa
dosa-dosa anjeun anu kaliwat timimiti umur baligh nepika jaman anjeun ayeuna.
Tobat aya 3 ( tilu ) tahapan.
1. kahiji
: diajar
2.
Kadua : bisa
3.
Katilu : ahli
Diajar tobat, nyaeta nafakuran sakabeh dosa
pikeun ditobatan.
Bisa tobat, nyaeta ngangresna hate ka Alloh
tina rumasa seu-eur dosa, rumasa su-ul adab, rumasa balangah, rumasa teu aya
isin ku Alloh anu salamina ningali, rumasa goreng sangka ka anjeunNA, rumasa
kirang syukuran, rumasa sok ngarasula, rumasa…,rumasa…..,rumasa hirup teh
kumaha urang, rumasa hirup teh boga urang, rumasa boga af’al, rumasa boga
sifat, rumasa boga diri sareng sajabina. Timbul bae tina ieu karumasa-an teh
sifat-sifat anu sarae.
Ahli tobat, nyaeta anu istiqomah dina tobatna
sahingga tobat teh jadi adat, sapertos dawuhan gusti Alloh ka Kang Jeng Nabi
Muhammad saw, dina surat : Hud ayat 112 :
Hartosna:”Kudu
istiqomah anjeun sakumaha geus di parentahkeun, anjeun jeung jalma anu tobat
sarta anjeun”
Dawuhan Syekh Asysya’roni:
“Sapalihna kupasan ieu ayat, nyaeta
Alloh Ta’ala marentah istiqomah dina tobat ka Kanjeng Nabi sareng kasadaya
panganutna.”
Ku kituna kanjeng Nabi saw, tara
kirang istigfarna dina saban dinten saratus kali.
Lenyepkeun ku anjeun heh salik, tah
kitu carana tobat anu sabenerna, prak ku anjeun jalankeun sing tepi ka ahli
dina tobat teh, kakara anjeun kataekan maqom tobat.
*)Nyambung....
Sumparasun, salam wanoh engkang, rahayu 🙏
BalasHapusRampes... Haturan Kang... Salam Tepang, Salam Wanoh. Bagea Kang.. Rahayu ...
Hapus