Kaislaman

Ma'rifat Dasar Basa Sunda (Makom Sobar)

Ma'rifat Dasar Basa Sunda 

Makom Sobar



Bismillahirrohmaanirrohiim

Saderek sadayana, dina kupasan anu tipayun sim kuring parantos nyarioskeun masalah maqom yakin anu kahiji, nyaeta maqom tobat tea. Tah ayeuna urang guar masalah maqom yakin anu kadua, nyaeta maqom sobar. Mangga urang kawitan.

Maqom yakin anu kadua nyaeta sobar: Ari hartina sobar nyaeta nahan, sareng tiisna hate dina mayunan sagala cocoba, kalawan tara bebeja ka salian ti Alloh. Dawuhan Alloh Ta’ala dina Al-Qur’an, surat Al-Baqoroh ayat 153.

Hartosna kieu :” Yeuh jalma anu ariman, prak geura nyuhunkeun tulung aranjeun ku sobar, jeung ku sholat sabab saenyana Alloh eta nangtayungan   kanu  salobar.”

Ari sobar eta aya Opat bagian:

Kahiji        : Sobar kana tho’at

Kadua       : Sobar kana ninggalkeun ma’siyat

Katilu        : Sobar kana musibat

Kaopat      : Sobar kana papasten ( takdir )

Carana: Taekan ku anjeun heh salik, ieu maqom sobar ti mimiti diajar sobar, bisa sobar, nepi ka ahli sobar.

Tah dimana anjeun geus tiasa sobar kitu kakara anjeun kataekan maqom sobar, jadi bae sobar teh maqom.

Carana sobar kana tho’at :

Keureunyeuh keun sareng usahakeun saeutik - saeutik dina ngalampahkeun tho’at, cara dohirna sareng cara batinna.

Cara Dohirna: Ngabiasakeun taliti nyumponan syarat rukunna ibadah, tara gurung gusuh sareng tara larawora estu ngudag kasampurna-an, sapertos dina sholatna, dina shaumna, sareng dina wiridna khususna ngalaksanakeun wirid parentah guru suluk anjeun.

Cara Bathinna: Tengtrem ayem pinuh ku kaikhlasan sareng hadir hate ka Alloh Ta’ala, nahan ajakan-ajakan nafsu amarah sareng harewosan syetan, sahingga karasa ni’mat sareng betah tur tumaninah, gumbira, dina ibadah.

Kadua sobar ninggalkeun ma’siyat :

Nyaeta nahan nafsu kana milampah dosa, tina dosa lahir, atanapi dosa bathin, sahingga tabah henteu beunang kapangaruhan ku babaturan, ku kulawarga, sareng ku panggodana manusa liana, nya kitu deui nahan kana harewosna syetan dina dada dimana ngajak kana dosa sareng kana urusan anu teu guna jeung nu teu mangfaat, saperti ngajak ulin teu puguh, ngajak ngobrol anu teu mangfa’at, ngajak ngalamun sareng sajabina, eta penting ditahan, ulah dijujur dianteur sakarepna sabab matak poek kana hate, sok komo lamun nyaritakeun maqom diri sorangan ka batur eta matak camal.

Katilu sobar kana musibat :

Urang ieu kedah tabah kayakinan dina mayunan sagala cocoba, kedah gede hate lapang dada, tahan uji, sabab dunya mah alam papasangan, tempatna susah sareng bungah, tempatna ni’mat sareng musibat, tempatna sehat sareng gering sareng sajabina.

Lamun urang keur aya dina bungah, ni’mat, sehat eta kedah loba syukuran, sabalikna, lamun urang keur aya dina susah, musibat kayaning, gering, kakirangan, kaleungitan sareng musibat sanesna eta urang kedah sobar hartosna kedah nahan nafsu hate, pikiran kana humandeuar sareng ngarasula komo deui kana aral subaha mah.

Lenyepkeun heh salik, nerapkeun sobar teh kedah dina kajadian musibat anu munggaran, nyaeta anu disebat serangan munggaran, saperti dina “dek”na kaserang panyakit, atawa dina “dek”na titajong, sahingga karasa tiisna hate narima eta kanyata-an, sabab gering oge ari geus kalamian mah sok asa ngeunah deui.

Didieu sok kadang-kadang aya ka-anehan, musibat anu biasana karasa nyeri, jadi teu karasa nyeri. Tah ieu diantarana ganjaran sobar anu kontan. Omat heh salik taekan ieu sobar kalawan leres-leres sing nepi ka sobar teh jadi adat, anu akhirna musibat teh karasana ni’mat.

Nyakitu oge perkawis panyaci eta sarua jeung pamuji, di ledek ku batur sarua jeung di alem, keur euweuh sarua jeung aya, tah lamun anjeun geus bisa kitu kakara anjeun boga hate  tengtrem ayem tumaninah, tah ieu sifat mu’min sajati nu bakal meunang pituduh di dunyana sareng meunang rohmat jaga di akheratna.

Dawuhan Gusti Alloh Ta’ala dina surat Al-Baqarah ayat 155-157:

Hartosna kieu:” Jeung prak bubungah ku maneh ( hey Muhammad ) jalma-jalma anu salobar, nyaeta jalma-jalma anu dina mangsa katibanan musibah, ngarucapkeun :”Saestuna abdi sadaya kagungan Alloh, sareng saestuna abdi sadaya, baris mulang ka anjeunNA” ( Inna lillahi wa inna ilaihi rooji-uun )

Nya maranehan-nana anu bakal meunang karunia jeung rohmat ti pangerannana, jeung maranehannana anu baris meunang pituduh.

Ka opat, sobar kana qodlo sareng qodar :

Ari ngaran qodlo nyaeta papasten di azali, perhimpunan katangtuan papasten pikeun sadayana anu maujud.

Ari ngaran qodar nyaeta papasten anu berjalan ayeuna jeung saterasna ngarincikeun kana perhimpunan papasten di azali ( qodlo ). Qodlo di azali henteu aya mimitina sareng henteu aya tung-tungna, qodar dijaman anu teu aya tung-tungna, contona: Qodlo sapertos film dina gulungan kaset, contona: Qodar sapertos kelir dina layar, sadaya nu ngajadi dina layar, eta sadayana timbul tina film, sagala anu berlaku dina ieu alam, eta sadayana aya di azalina, tur geus aya ti lohmahfudna, sakumaha dawuhan gusti Alloh Ta’ala dina surat Hud ayat 6

Hartosna kieu: "Sakuliahna kajadian eta aya dina kitab anu nyata ( Lohmahfud )"

Kukituna qodlo sareng qodar kalebet rukun iman, sareng ngabenerkeun, sareng narima kana sagala papasten, sakumaha nu parantos di terangkeun dina bab kahiji, nyaeta dina wahdat af’al.

Prak hey salik, taekan ieu maqom sobar teh kalawan leres-leres sing nepi ka sobar teh jadi adat.

 

Ma’rifat Sobar:

Saur ahli ma’rifat:

Nyarios kieu: “maka ari sadayana perkara eta tempat tajali ( tembong ) sareng tempat dohir pikeun ma’nana jenengan-jenengan Alloh, anu ieu teh nyata perincian-nana sifat-sifat Alloh.”

Janten lamun urang nyukcruk ka luhurna, horeng simana horeng urang katut sadayana makhluk teh eta timbul tina Asma’ul Husna.

Lamun dibasakeun mah kieu:

“Urang katut sadayana makhluk eta teh ngarana Af’al Alloh”

Ari Af’al eta timbul tina Asma

Ari Asma eta timbul tina Sifat

Ari Sifat sareng Asma ieu teh moal pisah sareng Dzat.

Atanapi kieu:

Makhluk ieu teh Af’al, ari Af’al teh timbul tina sifat Ma’nawiyah, ari sifat ma’nawiyah teh eta timbul tina sifat ma’ani, ari sifat ma’ani sareng ma’nawiyah ieu sifat-sifat Alloh Ta’ala anu mustahil pisah sareng dzatNA

Ceuk cohagna mah kieu:

Ari Af’al teh perbuatan. Ari anu berbuatna gelarna teh: Ar-Rohman, Ar-Rohim, Al-Malik, kadituna Ash-Sobur, Asy-Syakur nepi ka: 99 anu aya dina Al-Qur’an anu sundana: Anu berbuat teh gelarna anu Maha Murah anu Maha Asih anu Ngaratuan sareng kadituna anu Shobur ( Hartosna Lautan Sobar ) Lautan Syukur.

Tah ayeuna urang balik deui kana masalah poko, nyaeta ma’rifat dina sobar. Lenyepkeun ku anjeun hey salik ,lamun anjeun geus tuntas dina ieu maqom sobar, sahingga sobar geus jadi adat, tuluy tingkatkeun ku anjeun kana maqom ma’rifat nyaeta ma’rifat dina wahdat ASMA; hartosna nganunggalkeun Alloh Ta’ala dina sagala Jenengan ( Gelar ). Tina sapalihna jenengan teh nyaeta Sobuur ( lautan sobar ).

Carana: Tingali ku panon anjeun, pelong ku pikir anjeun, tekadkeun ku hate anjeun, dimana-mana anjeun atawa salian ti anjeun geus bisa sobar tina sagala musibat sareng anu sanesna, maka eta timbul ti Alloh. Anu Hartosna: Alloh Subhanahu wata’ala tajalli. ( Tembong ) kalawan jenengan SOBUUR.. Sing kenal anjeun ka Alloh dina ka aya-an anjeun sobar, eta teh Alloh nuju TAJALLI ku jenengan SOBUUR. Jadi eta sobar teh ti Alloh, balikeun deui ka anjeunNA. Alhasil, ti Alloh ka Alloh. Nyakitu deui dimana anjeun ningali hiji jalma anu sobar dina sagala ka aya-an, tekadkeun bae Alloh Ta’ala tajalli di eta jalma nembongkeun ASMA SOBUUR. Jadi leungit kajalma-an nana, timbul ASMA Alloh anu AYA. Leungit perhatian ka jalmana, timbul perhatian ka Alloh-na.

Dianggap cekap sakieu bae heula, katerangan ngeunaan Sobar. Insya Allah upami masih keneh dipasihan kasempatan urang teraskeun kana maqom anu katilu, nyaeta maqom syukur.

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

2 komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.