MA'RIFAT DASAR BASA SUNDA
(MAKOM TOBAT)
Sambungan anu sateuacanna
Bismillahirrohmaanirrohiim
Saderek sadayana dina postingan anu tipayun kantos diwincik salah sahiji maqom tina dasar-dasar ma’rifat tea nyaeta maqom tobat, anu nembe diperelekeun tikawit tobat dina ka islaman(nyaeta tobat tina dosa jasad ) sareng tobat dina kaimanan( tobat tina pamikiran areng I’tikad ).
Salajengna ayeuna urang guar tina tobat nu katilu nyaeta tobat dina ka ihsanan: nyaeta tobatna ruh, sapertos:
Nu kahiji, tobat urusan jasmani.
Nu kadua, tobat urusan hate.
Nu katilu ieu, tobat anu panghesena nyaeta ti mimiti tobat ka Alloh Ta’ala dina masalah akuan, sapertos, ngaku boga diri, sakumaha dawuhan Imam Juned, Imam ahli ma’rifat nyarios kieu :
” Ngarasa wujudna anjeun ( tangulukna anjeun ) eta hiji dosa anu teu tiasa di ukur gedena ku dosa liana”.
Ari dosa pang gedena eta teu aya lian iwal ti musyrik. Janten ngarasa diri wujud, eta ceuk ahli ma’rifat mah musyrik, nyaeta musrik khofi hartosna musyirik anu nyumput disajeroeun dada, kukituna wajib tobat tina eta rasa, sangkan beresih tina eta dosa gede, dosa nu kacida nyumputna.
Contona syirik khofi nyaeta sapertos ngabangsakeun perbuatan kasalian ti Alloh sapertos ngaraos ngagaduh diri, sifat diri, sareng af’al diri, sombong ieu aing, ngarasa beunghar, ngarasa pang pinterna, jeung sok ngabeda-bedakeun kana harkat darajat, pangkat jeung kadudukan mana si miskin jeung mana si kaya kalayan sok nyapelekeun kasasama, acuh tapi sok butuh ku tanagana, ngajauhan silaturahmi, jeung embung kailuan kunu leutik komo jeung katingalina rudin tur hina mungguh pandangan nana, kasieunan, sieun beakeun alas, jeung sajabana.
Ari kaseueuran nana eta jalmi henteu pada terangeun sareng teu pada naliti kana syirik khofi, jadi imanna teh sok kababawa kubatur henteu sabenerna sakumaha didawuhkeun ku Alloh Ta’ala dina surat Yusuf ayat 106:
Hartosna : “ Sareng henteu iman kaloloba-an nana manusa ka Alloh anging bari maranehan nana musyrik”.
Kusabab mandang wujud salian ti Alloh sareng ngabangsakeun perbuatan kadirina, eta kaasup musyrik ceuk golongan aulia mah. Nyaeta musyrik leutik anu sok disebut syirik khofi tea. Tapi sok sanajan leutik ari musyrikmah tetep wae dosa panggedena. Anu moal dihampura tea ku Alloh lamun nepi ka datangna ajal masih keneh kapigawe.
Jadi urang disebat ku Gusti Alloh dina Al-Qur’an: “musyrik dikajabakeun ti jalmi mu’min anu sabenerna, moal digolongkeun urang ka jalmi mu’min anu sabenerna kajab i’tikad urang sareng pandangan urang” Henteu aya anu migawe, sareng teu aya anu uninga, teu aya anu kawasa, teu aya anu kersa, teu aya anu hirup, teu aya anu ngarungu, teu aya anu ningali, sareng teu aya anu maujud; anging Alloh Ta' ala nyalira.”
Lamun i’tikad urang geus kitu kakara urang di sebat mu’min anu sabenerna, jeung kakara urang lesot tina syirik khofi, jadi ahli tauhid anu sajatina anu ngaboga-an dua surga, nyaeta: surga dunya anu buktina ma’rifat, sareng surga di alam akherat sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala dina surat : Ar-Rohman ayat 46
Anu hartosna: “sareng pikeun jalma anu sieun kana maqom pangeran-nana baris meunang dua surga”
Saur syekh Abdullah Bin Hijaji Asarkowi, r, a: “Saha jalma anu geus asup dina surga ma’rifat di ieu dunya, niscaya moal kabita kana surga di akherat kalawan dinisbatkeun kana bidadari-na, katuangan-nana sareng leu-euteun-nana, sareng nu sanesna kani’matan lahir”
Lain deui dinisbatkeun kana ni’matna ningali Dzat Alloh nu Maha Suci, margi ningali Dzat Alloh ( Musyahadah ) di ieu dunya eta sapalihna kani’matan di surga anu pang ageungna.
(…mangkade lepat hartos nigali ka Alloh di ieu dunya sanes nigali ku panon lahir, tapi nigali ku “sir” atanapi panon hate anu bersih…)
Eling-eling mangka eling heh salik poma anjeun ulah poho tina tekad wahdatul Af’al, ku sabab ieu pisan anu bisa ngadugikeun ka anjeun kana bisa ningali ( musyahadah ) kana ka-agungan dzat anu wajibul wujud, sareng kudu sieun anjeun ngabangsakeun perbuatan ka diri anjeun sareng sakabeh makhluk dina sagala bidang, sareng sing emut ari ngaran af’al eta :” Obah sareng cicingna”. Saur Syekh Imam Asysya’roni r.a, dina kitab Al-Jawhir Wadduror, anu meunang nukil tina cariosan Syekh Muhyidin Ibnu Arobi r.a,: ” Ari sadaya akwan ( makhluk ) eta sadayana hahalang kana ningali ka Alloh Ta’ala anu padahal Alloh Ta’ala teh anu berbuat dina satukangeun hahalang ( hijab ) eta makhluk, bari dirina eta makhluk teh henteu ngahalangan ka anjeunna kana ningali ka Alloh Ta’ala. Contona: Sapertos kalangkang tangkal kai dina cai, apan eta kalangkang teh henteu matak ngahalangan kana liliwatan eta parahu, nyata atuh anu ngahalangan teh ngansangka-an anjeun wungkul kana ngading-dingna eta kalangkang.
Jadi, saha jalma anu tos terbuka tina hahalang hatena niscaya bakal katinggali sajatina anu berbuatna nya eta Alloh Ta’ala wungkul, sawangsulna saha jalma anu teu terbuka hijab hatena mangka pasti poek kahalangan ku eta makhluk tina ningali ka fa’il anu hakiki ( Anu berbuat saenyana ) nyaeta Alloh Ta’ala.
Tah kitu tobatna muqorobin, tobatna ahli ma’rifat anu muhaqiqin, matak dina istigfarna saba’da sholat sareng tobatna aranjeunnamah tobat tina saperti ieu dosa.
Nya kitu deui ditobatan dimana-mana emut ka salian Alloh, boh urusan dunya atawa urusan akherat kitu kupasan Syaekhuna Al-Arif billah Toto Syarif Muhammad Zakariya dina kitab Jamiul Muqni.
Faedah: Tegeskeun ku anjeun heh salik,
Moal bisa ngalaksanakeun anjeun kana tobat anu ka tilu ieu anging anjeun kudu ma’rifat sareng musyahadah ka Alloh Ta’ala salamina, sabab ieu mah tobatna khowasul khowas.
Margi tobat teh aya 3 (tilu) rupa :
Kahiji : Tobat ‘Am pikeun jalma anu meunang rusy’du.
Kadua : Tobat Khos, tobatna jalma anu meunang taofek
Katilu : Tobat Khowasul-khowas nyaeta tobatna anu meunang hidayah, nyaeta jalma anu caang hatena, awas paningali bashirohna kalawan mukasyafah sareng musyahadah.
“Saestuna Alloh mika cinta ka tukang tobat, sareng mika cinta anjeunNA ka tukang beberesih.” ( Al-Baqoroh ayat 222 )
Ma’rifat dina tobat:
Nyaeta ma’rifat dina wahdat asma, hartina nganunggalkeun Alloh Ta’ala dina sagala jenengan ( gelar ). Saba’da ngalaksanakeun tobat dina maqom ibadah sareng ubudiyah, terus tingkatkeun ku anjeun kana maqom ibadah sareng ubudah, ulah mandeg anjeun dina eta maqom, sahingga anjeun disebut ku gusti Alloh “Tawwab” hartina: Tukang tobat ( ahli tobat );
sakumaha dawuhanana, anu hartosna: “ Saenyana Alloh mikacinta ka tawwab kabeh “
Jadi, anjeun geus boga maqom tawwab. Ari hartina maqom nyaeta: pangkat, kadudukan, tempat, alhasil anjeun geus boga pangkat jeung kadudukan tawwab, sedengkeun anu saenyana mah anu gaduh gelar tawwab, ka-asup tina Asma-ul Husna. Jadi kukituna Alloh SWT, parantos mere ngaran ka anjeun ku ngaran anjeuNA, maka ku kituna heh salik, balikeun deui ku anjeun ieu gelar kanu kagungan-nana, kanu hakna nyeta Gusti Alloh SWT
Carana:
Pandang ku anjeun, tekadkeun ku anjeun, musyahadahkeun ku sir anjeun, dimana-mana anjeun tobat eta teh timbul ti Alloh Ta’ala, nyaeta Alloh nuju nembongkeun jenengan-nana Tawwab, nya kitu deui dimana-mana anjeun ninggali ka hiji jalma anu pagaweannana tobat bae, tekadkeun ku anjeun Alloh nuju tajali kalawan jenengan Tawwab.
Tah ieu ka asup Tajali asma, tajali anu kadua tina tajali af’al, margi tajali teh aya 4 (opat) rupa:
Kahiji : Tajali Af’al, anu parantos dibahas tipayun.
Kadua : Tajali Asma, nyaeta anu ayeuna keur di wincik hiji-hiji
Katilu : Tajali Sifat
Ka opat : Tajali Dzat
Sakumaha anu bakal ka sorang, insya Alloh walhasil tobat ieu teh ti Alloh ku Alloh. Urang ieu mah ngan wungkul tempat dohirna Asma Alloh.
Margi kunu tos ma’rifat mah, anu terbuka panon hatena, anu caang basirohna, sahingga tiasa awas kana satukangeun dirina, kana jerona ieu alam, nyaeta anu disebat alam malakut, alam arwah, sareng nafsu. Kliseuna alam dohir ka tingali jelas ku aranjeuna yen sagala perbuatan eta perbuatan Alloh Ta’ala. “Laa haula walaa quwwata illaa billah”
Ari disendekeun-nana ieu af’al ka makhluk, eta teu aya sanes. Contona saperti kalam jalma anu nulis, nya anu ngajadikeun hurupna, komana, titikna sareng sajabina eta jalmi anu nulisna tea, sanes kalamna,ari kalamna eta ngan saukur alat sareng sabab kana ngabuktina eta tulisan. Mangga tafakuran…
Tah sapertos kitu ka aya-an nana sakabeh makhluk nyaeta sapertos kalam, henteu boga manehna perbuatan ngan wungkul perbuatan anu nulisna, jadi jelas pisan ayeuna mah, yen sagala kajadian di sakabeh alam eta ngan Alloh Ta’ala wungkul anu ngajadikeun-nana.
Saur Syekh Asya’roni nukil tina dawuhan Syekh Muhyiddin Ibnu Arobi r.a, dina kitab Futu Hatil Makiyah bab ka; 422, : “ Saenyana sagala amal eta timbul ti Alloh Ta’ala, ari pangna ieu amal jeung perbuatan disandarkeun ka urang karna ayana urang ieu tempat nanggung siksa sareng ganjaran, padahal eta perbuatan teh kagungan Alloh Ta’ala. Kulantaran urang ngaku dina waktu urang kahijab ku poekna eta hate yen sagala amal sareng perbuatan urang eta boga urang, maka disandarkeun ku Alloh Ta’ala eta amal jeung perbuatan urang teh ka urang. Tah eta teh cobaan ti Alloh Ta’ala ka urang, dina sakira-kira ukuran urang.”
Tapi dimana urang asup kana hadrot ihsan sarta mukasyafah ( terbuka hate urang ) maka pasti kasaksi yen sagala af”al, eta timbul ti Alloh Ta’ala anu katingalina di urang, jadi lain urang anu berbuatna jeung anu ngamalna.
Saterasna lamun urang tepi kana maqom musyadah ( ningali ku “sir” ka dzat Alloh Ta’ala ) maka pasti urang ieu sieun ti peleset jeung salah nepi ka wani ngaku kana af’al Alloh Ta’ala, di aku af’al urang, tapi dimana urang geus tepi kana ieu maqom, urang kudu adab sareng kudu make syare’at sakumaha piwarangan Alloh Ta’ala dina Al-Qur’an surat: An-Nissa ayat, 78 : Hartosna:” Anu ngeuna-an ka anjeun tina ka-alusan maka eta ti Alloh Ta’ala, jeung anu ngeuna-an ka anjeun tina kagorengan maka eta ti nafsu anjeun. “
Saur para ulama mah teu meunang nyebut goreng timbul ti Alloh anging dina pangajian, jeung deui sing emut heh salik, ieu elmu teh: Elmu tekad, elmu iman, lain elmu ucapan jeung lain elmu obrolan omat pisan ulah dipake heureuy, tapi kudu bisa merenahkeun-nana, pek jalankeun ku tafakuran margi jalan-na pikeun ngahasilkeun wahdat af’al eta kudu loba tafakur, sapertos ngahasilkeun-nana wahdat asma sareng wahdat sifat eta ku muroqobah, ayana hasilna wahdat dzat, eta mah ku musyahadah.
Jadi urang wangsulan deui, urang ieu tetep kedah ngajalankeun adab sareng di sandarkeun ka Alloh Ta’ala sagala perkara anu hina, sapertos : Alloh anu ngajadikeun babi, Alloh anu ngajadikeun anjing, Alla h anu ngajadikeun musibah, ngajadikeun kafir, tah teu kenging kitu, sanaos eta sadayana teh di jadikeun ku Gusti Alloh Ta’ala, sakumaha dawuhan jung-jungan, K, N, Muhhamad saw. dina sapalihna do’a iftitah:
Hartosna : “ Sareng ari ka awonan eta sanes ti Gusti “
Tah ieu teh ngajar ka urang sangkan adab. Tah kitu dijelaskeun ku Syekh Ibnu Hajar dina kitab Syarah-arba’in .
Tah rupina kupasan maqom tobat dicekapkeun dugi kadieu wae. Saterasna mah mangga wae tafakuran ku nyalira mudah-mudahan kenging hidayah.
Insya Allah dina postingan anu bakal dongkap urang ngalih kana maqom sobar.
0 komentar:
Posting Komentar