Abeng Sunarya

Biografi Abeng Sunarya (Abah Sunarya) Giriharja


Abeng Sunarya (Abah Sunarya)


Abeng Sunarya atanapi katelah oge ku sebatan Abah Sunarya, lahir di Manggahang, Bandung 02 Januari 1920. Ramana Juhari bin Artasim mangrupikeun salah sawios dalang wayang golek. Abeng Sunarya diajar ka ramana (1938). Sabadana dikantun ku ramana, anjeuna diajar ka dalang Atmaja di Cigebar.

Taun 1940, Sunarya ngalih ka Tegallega supados tiasa cekt sareng dalang R.U Partasuwanda kanggo langgung neuleuman deui padalangan. Taun 1944 anjeuna ngawitan minton salaku dalang tur namina langkung nyabuang sareng nyumebar. Taun 1950, Abeng Sunarya tos janten salah sawios dalang wayang golek nu kakoncara. Dina taun 1970an dugi taun 1970an, anjeuna pulang anting nohonan pangulem ti Prancis sareng Swedia (1985) kanggo ngadalang.

Sajabina ti ngadalang, Sunarya oge tiasa ngadamel wayang golek. Dina taun 1957 anjeuna ngadegkeun Padepokan Pusaka Giriharja, nu mangrupakeun tempat kursus padalangan wayang golek purwa. Padepokanna dumuk di Kampung Jelekong, Ciparay Bandung. Seueur murid-muridna anu janten dalang kahot, kalebet para putrana nyalira.

Tina 13 putrana, 5 di antawisna janten dalang wayang golek purwa anu kakoncara, nyaeta Ade Kosasih Sunarya (Giriharja II), Asep Sunandar SUnarya (Giriharja III), Ugan Sunagar Sunarya (Giriharja IV), Iden Subasrana SUnarya (Giriharja V) sareng Agus Supangkat Sunarya (Giriharja VI).

Abeng Sunarya kantos janten anggahota Pengurus Yayasan Pedalangan sareng PEPADI Kabupaten Bandung.

Hasil Tarjamah ti wayanggolek.info

Baktos Sim Kuring Pun Hadi Sukoco

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.